Ku: Adinda
DINA sababaraha taun ka tukang, Korea Selatan beuki giat ngenalkeun budaya maranéhna ka rupa-rupa nagara, kaasup Indonésia. Teu karasa, loba pisan produk lokal ayeuna anu ngagunakeun gaya korean style ti mimiti kabaya, pakean, paranti dahar, skincare, réstoran, nepi ka film. Ku kituna, budaya Indonésia siga-sigana mimiti katinggaleun, utamana sabab loba barudak ngora leuwih resep kana budaya Korea tibatan kana budaya sorangan.
Nurutkeun pamadegan simkuring, ieu téh kaayaan anu cukup ngahariwangkeun. Lamun terus diantepkeun tanpa aya usaha pelestarian, budaya urang bisa saeutik-saeutik leungit jeung teu bisa diwariskeun ka generasi urang engké. Padahal budaya urang téh sabenerna kacida dipikaresep ku nagara séjén, komo sababaraha kali aya anu ngaku-ngaku, saperti kasus batik, wayang, jeung rendang anu sok dikaitkeun jeung Malaysia.
Salah sahiji sabab popularitas Korea jadi kuat nyaéta kusabab K-pop jeung K-drama nu keur dipikaresep ku barudak ngora. K-pop nawarkeun beungeut anu pikaresepeun, gaya fashion anu béda, sarta musik anu gampang asup ka ceuli. Sedengkeun K-drama nawarkeun carita anu leuwih seger jeung teu saklise sinétron lokal, jadi pamaténna sok betah jeung panasaran nungguan episode salajengna.
Sacara alami, jalma memang biasana resep kana hal-hal anyar nu euweuh di sabudeureunana. Korea bisa ngamangpaatkeun ieu lolongkrang, nyelapkeun budaya maranéhna kana musik, drama, nepika hiburan séjén. Lila-lila, nu nonton siga ngarasa hayang nuturkeun gaya hirup jeung kabiasaan anu dipintonkeun.
Numutkeun Gangsim Eom, kandidat PhD ti Harvard University, sakitar 53,5 persen urang Indonésia ngarasa budaya Korea téh geus teu aneh deui. Malah lamun papanggih jeung urang asing, utamana nu mirip urang Korea loba pisan urang Indonésia anu langsung ménta poto, siga panggih jeung artis. Padahal, di nagarana mah maranéhna jalma biasa. Tungtungna, Indonésia jadi “ladang pagawean”, ngan ku modal panampilan jeung asal negarana.
Aya ogé jalma nu nyebut kaayaan ieu siga penjajahan budaya modern, teu make kekerasan tapi laun-laun nepi ka kabudayaan urang kaéléhkeun. Sababaraha barudak ngora aya ogé nu nyelapkeun basa Korea dina omongan sapopoe. Jadi, urang kudu bisa pinter-pinter nahan diri jeung ngimbangan budaya luar jeung rasa reueus kana budaya sorangan.
Padahal budaya Indonésia gé bisa pisan dipopulerkeun deui. Film-film urang ayeuna geus mimiti maju, carita leuwih menarik jeung deukeut kana kahirupan sapopoe. Musik lokal ogé geus loba ngeunah didangukeun. Média sosial saperti TikTok jeung Instagram bisa pisan dipaké pikeun ngenalkeun budaya urang ka dunya, misalna ku kampanye pakaian kabaya nu narik ati atawa gerakan kreatif séjénna. Lamun urang teu ngamimitian ti ayeuna, naon nu rek dicaritakeun ka budak incu urang engké lamun urang sorangan can apal kana budaya sorangan? *
* Adinda, mahasiswa Prodi Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kataji nitenan fenomena budaya Korea Pop jeung Korea Drama, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments