Ku: Lusy Fitria Ramadhani
Dina sababaraha taun ka tukang, konsumsi média digital di urang téh mekar kacida gancangna. Ti mimiti barudak nepi ka kolot, kabeh beuki gumantung kana kontén visual, audio, jeung tulisan anu sumebar di platform digital. Teu ngan saukur pikeun hiburan, ayeuna média digital jadi rujukan utama pikeun neangan informasi sapopoé.
Parobahan ieu henteu saukur ngageuhan cara urang maca atawa nonton, tapi ogé mangaruhan kumaha urang mikir jeung nangtukeun pendapat. Di jaman baheula, berita ilahar dicokot tina koran, radio, atawa televisi. Kiwari, hiji video pondok dina media sosial bisa leuwih gancang nyebarkeun informasi tibatan siaran formal. Hal ieu nunjukkeun sabaraha kuatna pangaruh algoritma kana pikiran masarakat.
Dina widang sosial, konsumsi média digital ngabeungkeut hubungan jalma-jalma sanajan béda jarak. Tapi, di sisi séjén, aya ogé résiko munculna echo chamber—tempat mangsa urang ukur ningali opini nu sarua jeung milik sorangan. Kaayaan kawas kitu bisa ngabalukarkeun masarakat gampang kabeulit ku hoaks atawa kontén anu diolah ku kecerdasan jieunan (AI) tanpa disaring ku élmu literasi média.
(Dina ranah ékonomi, média digital geus jadi lahan subur pikeun usaha mikro nepi ka brand gedé. Promosi henteu kudu ngandelkeun papan reklame deui; cukup ku video 10 detik atawa unggahan gambar anu narik perhatian. Konsumen ayeuna leuwih resep kana kontén anu spontan, asli, jeung interaktif. Ieu téh ngarobah pisan cara usaha nyusun strategi pemasaran.
Salian ti éta, konsumsi média kiwari ogé dipangaruhan ku kontén AI. Loba poto jeung video rékayasa anu sigana nyata, nepi ka konsumén mah hésé ngabédakeun mana anu asli jeung mana anu hasil generatif. Tantangan literasi média jadi beuki penting supaya masarakat teu ngan saukur konsumtif, tapi ogé kritis kana unggal kontén anu maranéhna tampi.
Generasi ngora, khususna, jadi kelompok anu panggancangna nampa parobahan ieu. Maranéhna leuwih adaptif kana platform anyar, tapi kadang kurang nalungtik sumber informasi. Ieu ngabalukarkeun kabutuhan pendidikan literasi média di sakola, kampus, nepi ka komunitas, supaya konsumsi média henteu ngan ukur ngeusian waktu luang tapi ogé ngawangun pamahaman anu hadé.
Dina ahirna, konsumsi média digital ayeuna téh lain hal anu kudu ditolak, tapi kudu diemutan kumaha cara makéna supaya leuwih jembar mangpaat tibatan mudarat. Urang kudu tiasa ngamangpaatkeun média salaku jandéla élmu, alat komunikasi, jeung rohangan kreatif, bari tetep ngajaga kasadaran pikeun nyaring unggal informasi anu datang. Kitu cara panghadéna pikeun hirup dina jaman nu sagalana sarwa digital.*
*Lusy Fitria Ramadhani, mahasiswa Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, mikaresep pasualan nu pakait jeung media sarta teknologi digital, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments