Napak Tilas

Kiyai Haji Ajengan Ahmad Sanusi (2): Diasingkeun Ka Batavia

0

 

Ditulis ku: Tatang Sumarsono

 SundaNews (18/12/2025). Lian ti éta aya fatwa Ahmad Sanusi lianna anu dianggap ngaganggu kapentingan para pangréhpraja (kelompok birokrat, hususna anu boga jabatan dina pamaréntahan). Ceuk pamanggih Ahmad Sanusi, ngadungakeun para pajabat dina hutbah Jumaah kudu aya kakaitanana jeung ka-Islaman.

Dina jaman Rosul, sahabat, jeung tabiin, mémang aya katerangan yén dina hutbah jumaah téh aya bagian pikeun ngadungakeun pajabat. Tapi, apan pajabat alam harita mah kaasup pamingpin Islam, dipilihna ku urang Islam, jeung pikeun kapentingan Islam. Ari anu aya di lemah cai urang alam harita, pajabat téh diangkatna ku pamaréntah kolonial Walanda, jeung lain pikeun kapentingan umat Islam. Éta pangna umat Islam teu kudu ngadungakeun éta pajabat dina saban hutbah Jumaah.

Réaksi pamaréntah kana éta fatwa kaitung keras. Réa kiyai atawa ulama anu sapamadegan jeung Ahmad Sanusi anu diteror, malah aya anu dikaniaya sagala ku papada anggota masarakat deui anu pro ka pamaréntah, upamana waé kajadian di Malébér, Cianjur.

Hiji poé, dina bulan Juli 1927, di wewengkon Baros, Karangtengah, jeung Cibadak aya anu ngaruksak jaringan kabel telepon. Tah, ari Karangtengah téh teu jauh ti Pasantrén Genténg.

Gancangna carita Ahmad Sanusi ditangkep sabab dianggap ulon-ulon anu ngaruksak jaringan kabel telepon téa. Éta tuduhan dumasar kana pangakuan jalma anu anu nyebutkeun yén dirina téh santrina Ahmad Sanusi.

Tétala anu ngaruksak kabel telepon téh kelompok Sarekat Rakyat anu di satukangeunana aya kakuatan kuminis. Pamaréntah teu boga bukti deui waé pikeun ngajagragkeun Ahmad Sanusi ka méja héjo. Najan taya bukti, tapi angger waé ditahan. Pamaréntah nyieun rékayasa, kumaha carana sangkan éta kiyai angger ditahan. Aya sawatara jalma anu ditéror terus dititah nyieun pangakuan tinulis anu eusina nyebutkeun yen Ahmad Sanusi kabaud dina kajadian barontakna Kiyai Haji Asnawi di Menés, Banten.

Nya ahirna diasingkeun ka Batavia (ayeuna Jakarta); hiji tarékah pamaréntah kolonial pikeun megatkeun éta kiyai jeung umatna. Tapi dina kabuktianana, sumanget Ahmad Sanusi dina nanjeurkeun bebenaran jeung kaadilan beuki ngabebela. Beuki produktif nulis buku, terus disebarkeun ka masarakat. Kitu deui para santrina gé angger ambreg-abregan nepungan, teu kalis pédah keur aya di pangasingan.

Sajaba ti réa nulis buku, salila di pangasingan téh Ahmad Sanusi bisa ngadegkeun organisasi kaagamaan anu bagerak dina widang sosial jeung pendidikan, nyaéta Al-Ithadiyatul Islamiyyah (AII), dina bulan Novémber 1931. Éta organisasi jadi média pikeun nepungkeun Ahmad Sanusi jeung umatna, tur beuki lila beuki ngagedéan.

Ceuk pamanggih Muhammad Iskandar, sakumaha anu ditulis dina makalahna, dina bulan Agustus 1934, Ahmad Sanusi dibébaskeun ti tempat pangasingan. Nya terus mulang deui ka Sukabumi. Henteu ka Pasantrén Genténg, tapi ka Vogelweg (ayeuna jadi Jalan Bhayangkara), anu kaasup ka wewengkon Kacamatan Gunung Puyuh. Di dinya Ahmad Sanusi ngadegkeun deui pasantrén, dingaranan Syamsul ‘Ulum, anu tug ka kiwari diteruskeun ku para ahli warisna.

Anu dikritik ku Ahmad Sanusi henteu ngan sawates sistem jeung kagiatan pamaréntahan wungkul, tapi deui sawatara kabiasaan umat Islam anu dianggap nyimpang tina katangtuan saréat. Lamun biasana sok disabit-sabit yén pembaharuan ajaran Islam, hususna dina widang fikih téh dipigawé ku kelompok Muhammadiyah jeung Persis, saenyana teu kitu, sabab Ahmad Sanusi gé aya di wewengkon éta, sanajan teu kaasup kelompok keras.

Geura urang cutat pamanggihna anu ditulis dina kitab Tafsir Tamsyiyyat al-Muslimin, jilid IV, kaca 115:

“Teroetama daripada goeroe-goeroe tarekat, jang bodo itoelah yang meroesakkan agama Islam, dan ‘alam Islam dan oemmat Islam. Maka berhati-hatilah kaoem Islam di dalam mengambil ‘ilmoe agama Islam, djanganlah mengambil ‘ilmoe itoe, daripada goeroe Islam yang tiada benar kelakoeannja. Atau saoempama boenglon tobi’atnja, lebih-lebih wadjib berhati-hati di dalam mengambil tarekat, maka lebih dahoeloe wadjib diketahoei bagaimana keadaan goeroe-goeroe itoe, ia tabahhoer dengan ‘ilmoe sjara’, saoempama Tafsier, Hadists, Faqieh dan perabot-perabotnja, dan bagaimana tobi’at goeroe itoe, gemar daripada mengasih oerang atau daripada sidkah-sidkahnja. Maka apabila terdapat goeroe itoe memang bodo atau seorang jang ingin oleh-oleh atau sidkah daripada anak muridnja, maka djanganlah mengambil torekat daripadanja, kerna itoelah soeatoe ratjoen di dalam agama Islam.”

Dina napsirkeun élmu, ceuk pamanggihna henteu ngan sawates élmu anu patali jeung urusan ibadah, tapi deuih élmu anu patali jeung hirup kumbuh. Samalah, ceuk pamanggihna, ayat-ayat anu patali jeung ngatur hukum ibadah langsung ka Alloh leuwih saeutik batan ayat-ayat anu ngatur hirup kumbuh, babandinganana 150:350.

Tatahar Kamerdékaan

Dina jaman pendudukan Jepang, AII dibubarkeun, sakumaha anu karandapan ku organisasi lianna. Hal éta ngalantarankeun putusna komunikasi jeung murid-muridna. Nya ngajukeun usul ka pamaréntah pendudukan sangkan diidinan ngadegkeun organisasi anyar, dingaranan Persatuan Ummat Islam Indonesia (PUII), anu saterusna digabungkeun jeung Perikatan Ummat Islam (PUI) anu diadegkeun ku Kiyai Haji Abdul Halim di Majalengka. Organisasi anu anyar ngawujud téh dingaranan Persatuan Ummat Islam, kalawan ari singgetanana mah angger PUI.

Pertengahan taun 1945, Kiyai Ahmad Sanusi kapilih jadi anggota Badan Penyelidik Usaha-usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia (BPUPKI). Salah sahiji usul anu diajukeunana nyaéta ngeunaan bentuk nagara anu disebut imamat. Waktu dipapaykeun naon éta téh maksudna, tétélan teu jauh ti sistem démokrasi ayeuna.

Dina rapat BPUPKI, Kiyai Ahmad Sanusi ngingetan ka majelis sangkan sakabéh putusan dijieun sajelas-jelasna, sangkan teu nimbulkeun perbédaan tapsir, anu ahirna bisa ngalantarankeun perpecahan.

Sanggeus Indonésia merdéka, pangaruh Kiyai Ahmad Sanusi loba pisan ngabantu dina tarékah nanjeurkeun kamerdékaan, hususnya di wewengkon Jawa Barat. Hal ieu diangken ku tokoh TNI, A.E. Kawilarang. Pokna ogé, pangaruh Kiyai Ahmad Sanusi mampuh ngabendung mekarna DI/TII. Ari sababna, para santri jeung umat anu aya di satukangeun éta kiyai nolak biluk pikeun miluan kana paham politik Kartosuwiryo anu ngadegkeun Nagara Islam Indonésia (NII).

Kiyai Haji Ajengan Ahmad Sanusi wafat dina taun 1950, teu lila ti tas peristiwa penyerahan kedaolatan.(tamat)

       *Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua ali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas