Napak Tilas

Kamekaran Patalimarga di Sunda (2)

0
Delman jaman kolonial Walanda di Jalan Asia Afrika, Bandung, Jawa Barat (Foto:SundaNews/SKN Prov Jawa Barat)

Ku: H. Tatang Sumarsono

SundaNews (11/9/2025). Lian ti padati anu ditarikna ku munding, saterusna aya anu ditarikna ku kuda deuih, nyaéta anu disebut karéta pos téa. Ieu mah husus pikeun kaperluan pamaréntah. Jadi, ti Batavia téh bisa langsung ka Bandung. Lamun geus nyorang lalampahan kurang leuwih sapuluh km, kuda anu dipaké narik karéta pos téh sok diganti ku kuda anyar. Éta pangna karéta pos mah lajuna teu eureun-eureun, da kuda anu dipaké narikna ganti-ganti.

Ku kituna, di jalan raya pos téh disadiakeun kandang kuda, disebutna Banceuy. Kuda anu aya di dinya téh kabéh ogé inventaris pamaréntah, pikeun kaperluan narik karéta pos.

Ku ayana jalan raya pos, Bandung tambah maju, sok sanajan sesebutanana angger masih kénéh kleine bergdessa (désa pagunungan leutik). Pon kitu, urang Walanda katut Éropa lianna anu terus maratuh di Bandung jumlahna beuki nambahan.

Sajaba ti karéta pos pikeun kaperluan pamaréntah, pihak swasta gé mimiti aya anu barogaeun kendaraan sorangan. Tah ieu mah sok diséwa-séwakeun, upamana wae pikeun kaperluan lalampahan ti Batavia ka Bandung. Jadi saterusna mah anu lalar liwat di jalan raya pos téh lain ngan ukur bogana pamaréntah wungkul, tapi karéta milik swasta deuih.

Dina awal abad ka-19, anu lumaku ti Batavia ka Bandung, atawa sabalikna téh, mun hayang gancang mah bisa ngagunakeun kendaraan anu ditarikna ku kuda. Lalampahan ti Bogor ka Bandung,upamana, anu anggangna 120 km, disorangna salila 13 jam.

Ceuk Haryoto Kunto, najan jaman harita geus aya alat transportasi anu kaasup gancang lajuna, tapi angger waé aya hiji barang anu teu bisa diakut kana karéta anu ditarikna ku kuda. Ari sababna mah sok kagojlog-gojlog, tepi ka ahirna sok terus bitu tina wadahna. Éta barang téh taya lian inuman keras (arak).

Jadi, anu marawa arak ti Batavia ka Bandung mah wayahna kudu ditanggung, nyorang lalampahan 200 km, ari waktuna salila lima poé lima peuting. Arak anu dibawa ti Batavia téh pikeun nyumponan pangabutuh konsumén bangsa Éropa anu maratuh di Bandung.

Padati anu ditarik ku munding lus-les laleungit. Minangka gantina, nya aya anu disebut sado anu ditarikna ku kuda. Salia ti sado, di urang téh aya anu disebut délman jeung kéréték. Minangka kendaraan méwahna nyaéta béndi.

Sesebutan sado téh tina Dos a Dos, anu asalna tina basa Prancis, hartina patonggong-tonggong. Maksudna mah antara kusir jeung panumpang silih tonggongan; kusir nyanghareupan bujur kuda, ari panumpang nyanghareup ka tukang. Sajaba ti disebut sado, istilah séjénna nyaéta kahar.

Lamun dina délman atawa kéréték mah panumpang téh diukna henteu nonggongan kusir, tapi nyangigir, kénca-katuhu. Teu béda ti angkot ayeuna, posisi panumpang téh apan pahareup-hareup.

Ari bédana délman jeung kéréték nyaéta dina panincakanana anu digayor di tukang. Délman panincakanana leutik, teu sirikna ukur sapaseun suku, ari kéréték mah rubak. Dina lebah rubakna mah, panincakan dina kéréték téh teu béda ti panincakan dina kahar. Bédana, ari panincakan dina kahar mah melengkung.

Lian ti éta, di Sukabumi aya anu disebut nayor, tug tepi ka kiwari masih kénéh dipaké sarana transportasi. Bédana jeung délman téh dina spakborna anu wangunna disaruakeun jeung spakbor mobil. Ari di Yogya aya nu disebut andong, gilindingna opat.

Dina buku Wajah Bandoeng Tempo Doeloe, Haryoto Kunto nyebutkeun yén anu pangheulana nyieun délman téh nyaéta urang Walanda, Ir. C.T. Deeleman, insinyur ahli ngawangun irigasi anu saterusna jadi anémer (pemborong). Tuan Deeleman datang ka Indonésia dina taun1845, matuhna di pasisian Batawi. Lantaran jadi tukang ngaborong wangunan, ieu urang Walanda téh bogaeun béngkél konstruksi beusi (Ijzercontructie werkplaats). Nya di béngkélna éta manéhna uprak-oprék tepi ka ahirna bisa nyiptakeun kendaraan anu saterusna disebut délman—nginjeum ngaran ti anu nyiptakeunana.

Boh délman boh sado atawa kéréték, gilindingna téh geus maké (ruji) jari-jari. Ceuk Kang almarhum Tjetje Padmadinata (pulitikus senior) anu dina ahir taun 1930-an karesepna tumpak délman, éta jari-jari disebutna téh cakra manggilingan. Gilinding anu napak kana jalan téh dilampud ku karét, anu matak teu gugurudugan teuing. Terus deuih, sangkan leuwih hipu, ditambahan ku pér.

Délman jeung kandaraan sabangsana umumna digunakeun pikeun sarana transportasi deudeukeutan. Paling jauh gé ukur wewelasan kilométer. Umumna mah ukur jadi sarana transportasi di jero kota; teu béda ti angkot jaman ayeuna.

Ari béndi mah husus jadi kendaraan para ménak atawa nu baleunghar, tur digunakeunana ogé leuwih mindeng pikeun sukan-sukan, ngurilingan kota bari nyeuseup hawa seger. Jadi béndi mah lain sarana transportasi umum.

Dina awal abad ka-20, mobil geus mimiti asup ka urang. Langka kénéh anu boga, da karék aya hiji-dua. Urang Walanda atawa urang Éropa lianna nu pangheulana baroga téh. Loba nu nganggap anéh, sakumaha anu ditulis ku Didi Kartasasmita dina mémoarna anu nyaritakeun kahirupan dina taun 1920-an. Cenah, mun aya mobil ka lemburna téh ku barudak sok dirogrog. Tapi dina waktuna rék dipajukeun, barudak téh sok buriak ngajauhan, malah sok aya nu nyumput, da sieun kabawa atawa kasedot ku anginna.

Lian ti mobil, sarana transportasi tambah deui ku datangna sapéda atawa karéta mesin. Ieu mah leuwih umum, sabab anu mibogana ogé loba. Kendaraan anu kawilang praktis tur babari miarana. Béda mun jeung boga béndi anu mirana leuwih hésé, sakurang-kurangna kudu maraban kuda saban poé.

Sapéda ogé jadi sarana transportasi di jero kota. Lain keur kaperluan para pagawé dina waktuna rék ngantor wungkul, tapi deuih barudak sakola. Sjarif Amin dina buku mémoarna Keur Kuring di Bandung nyebutkeun yén dina taun 1930-an, para rumaja di Bandung sok patapis-tapis dina waktu tumpak sapéda. Upamana waé kumaha carana bisa ngaboséh bari teu nyekelan setang alias lepas tangan, sabab tumpak sapédana bari masangkeun dasi.

Sarana transportasi dina ahir abad ka-19 tambah mekar sanggeus aya karéta api. Tangtu waé karéta api mah jadi kendaraan massal, da nu diakutna ogé loba, jaba deuih lalampahan anu disorangna gé jauh.

Karéta api anu munggaran nepungkeun Batavia jeung Bandung, ngaliwatna ka Bogor, Sukabumi, jeung Cianjur. Mimiti dibukana tanggal 17 Méi 1884. Sajaba ti pikeun ngakut panumpang, pamaréntah kolonial ngayakeun karéta api téh pikeun ngakut hasil perkebunan. Entéh, kopi, kina, jeung karét anu dihasilkeun ti wewengkon Bandung, dibawana ka Jakarta téh kana karéta api.

Dina tahap saterusna, jalur karéta api téh dipanjangan tepi ka Cilacap, malah terus ka Yogya jeung mungkaskeunana di Surabaya. Ari jalur anu ngaliwat ka pantura mah (Cikampék, Cirebon, terus ka Semarang), dijieunna dina tahap saterusna.

Dina catetan Haryoto Kunto ditétélakeun, mangsa munggaran dibuka jalur karéta api, anu turun-unggah di Setasion Bandung jero sataun téh aya 32 rébu panumpang, jeung barang (bahasi) 9.250 ton. Cindekna, karéta api téh leuwih loba kénéh ngakut barang. Per bulanna anu tumpak karéta api téh paling loba ukur tilu rébu panumpang. Jadi dina sapoéna téh teu leuwih ti saratus.

Tapi 30 taun ti harita, jumlah panumpangna ningkat jadi 1.307.000 jalma, jeung barang aya 244.200 ton. Jadi kamekaranana kaitung gancang. Komo deui sanggeusna dina taun 1918, dibuka jalur karéta api anu nepungkeun dayeuh Bandung jeung daérah sabudeureunana. Mimitina dibuka jalur Bandung-Rancaékék-Jatinangor-Tanjungsari-Citali. Tadina mah rék diteruskeunka Sumedang, ngan teu ngawujud.

Taun 1919 ditambahan jalur anyar anu nepungkeun Bandung-Citeureup-Majalaya, jeung Citeureup-Banjaran-Pangaléngan. Saterusna dibuka jalur Bandung-Kopo, diteruskeun ka Ciwidéy.

Kiwari, éta jalur karéta api téh geus areuweuh. Dina lahan anu tadina dipasangan erél ayeuna mah geus dug-deg wawangunan, sok sanajan ari jambatanana mah masih kénéh araya, upamana waé di Cilampeni jeung di Dayeuhkolot.

Sajaba ti di Bandung, di kota séjénna gé dibuka jalur karéta api anu nepungkeun dayeuh jeung wewengkon sabudeureunana. Di Tasikmalaya, upamana, tepi ka taun 1970-an mah masih kénéh aya karéta api anu ka jurusan Singaparna (anggangna kurang leuwih 17 km). Kitu deui di Banjar, aya jalur karéta api anu ka Pangandaran, mungkaskeunana di Cijulang.

Ayeuna mah éta jalur téh geus teu diparaké, padahal mun diaktifkeun deui bakal ngabantu kana kondisi patalimarga jaman ayeuna.

Karéta api dina jaman harita mah masih kénéh ngagunakeun tanaga saab. Pikeun manaskeun cai dina kétélna mimitina mah ngagunakeun suluh, terus diganti ku batu bara. Hulu kareta api alias lokomotif anu kawentar téh disebutna Si Gombar, husus pikeun nyorang jalan nanjak-mudun kumaha ilaharna di wewengkon pagunungan Priangan.

Loba nu nganggap anéh tepi ka Si Gombar téh mindeng jadi tongtonan. Tepi ka taun 1930-an mah penduduk anu maratuh di pasisian sok ngahaja daratang ka dayeuh Bandung pikeun lalajo hulu karéta api, malah daratangna sok bari marawa timbel sagala.

Kaitung lila raména jalur karéta api anu ngaliwat ka Bogor jeung Cianjur téh. Dina taun 1906, karék wé dibuka jalur Batavia-Cikampék-Purwakarta. Lalampahan ti Jakarta ka Bandung ngaliwat ka Purwakarta mah leuwih deukeut batan kudu ka Bogor heula.

Tepi ka ayeuna, jalur éta anu leuwih ramé jeung remen dipaké téh. Jalur ka Cianjur mah geus tiiseun, da mungkin dianggap teu ékonomis. Anu masih kénéh dibuka téh jalur Cianjur-Sukabumi, jeung jalur Sukabumi-Bogor.

Ka dieunakeun, patali marga anu leuwih gancang mekar téh nyaéta mobil jeung motor. Mobil anu dipaké sarana transportasi umum asalna mah ukur antar kota. Ngan sanggeusna dibuka jeung dialusanana jalan, kiwari mah ka suklakna, ka siklukna ogé geus bisa dihontal ku mobil.

Di Priangan jeung sabudeureunana, sarana jalan anu katung elat diwangun téh wewengkon beulah kidul. Pangna kitu téh sabab lahanna loba pagunungan, katurug-turug pangeusina coréngcang. Béda jeung ka Priangan beulah kalér anu leuwih ramé jeung lahanna loba nu datar.

Patali marga jaman kiwari didominasi ku kendaraan bermotor. Malah dina kabuktianana mah antara jumlah kendaraan jeung panjangna ruas jalan téh henteu saimbang, tepi ka antukna lalu lintas téh mindeng macét. Mana komo mun geus aya banjir mah. (tamat)

         *H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan  Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas