Ku: Alifya Putri Nurul Hidayat
DI satungkebing pangaruh kabudayaan global anu kuat, masarakat Indonésia nyanghareupan tangtangan pikeun ngajaga kabudayaan lokal. Ayana média sosial jeung hiburan digital ngabalukarkeun kabudayaan asing leuwih gampang diaksés jeung gancang ditarima, utamana ku generasi ngora.
Akibatna, loba seni tradisional mimiti ngurangan paminatna. Pagelaran tari, musik daérah, jeung rupa-rupa ritual kabudayaan sering éléh jeung tren populer anu dianggap leuwih modern. Kaayaan ieu nunjukkeun ayana parobahan rasa jeung cara ningali dina masarakat.
Sanajan kitu, sawatara seniman nyoba ngahirupkeun deui tradisi ku cara anu leuwih relevan. Usaha saperti ngahijikeun musik tradisional jeung unsur modérn atawa nampilkeun motif étnik dina produk mode jadi salah sahiji wangun adaptasi budaya.
Revitalisasi budaya ogé merlukeun dukungan ti sagala pihak. Pamaréntah, lembaga pendidikan, jeung komunitas perlu nyayagikeun rohangan pikeun ngamekarkeun kagiatan seni jeung budaya lokal supaya teu leungit ditelan jaman
Di sisi séjén, masyarakat perlu ngarobah cara nempo tradisi. Nepi ka budaya lokal ngan dianggap salaku bagian tina mangsa kapungkur, moal gampang aya dina kahirupan sapopoe. Tradisi perlu ditempatkeun salaku bagian tina idéntitas babarengan.
Peran média digital ogé beuki penting dina ngajaga kelestarian budaya. Loba kontén kreator sanggup ngenalkeun deui budaya daerah liwat video pondok, musik, atawa carita visual anu leuwih menarik jeung gampang ditarima ku generasi ngora
Ahirna, ngajaga budaya lokal téh tanggung jawab babarengan. Kalayan kolaborasi sababaraha pihak, tradisi Indonesia bisa terus ngembang jeung manggihan wangun anyar anu saluyu jeung dinamika masarakat jaman ayeuna.*
* Alifya Putri Nurul Hidayat, mahasiswa Prodi Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, mikaresep pasualan nu pakait jeung kabudayaan lokal, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments