Kolom Mahasiswa

K-Pop: Ngarobah Hiburan Rumaja Sunda?

0

 

Ku: Tazqia Aulia Zahra
FENOMENA  budaya K-Pop beuki ngamekarkeun pangaruhna di kalangan rumaja Indonesia. Musik anu énerjik, tampilan visual anu kuat, jeung konsep hiburan anu ditata sacara profésional ngajadikeun tren ieu terus narik perhatian. Di lingkungan sakola jeung komunitas rumaja, pangaruh budaya Korea téh geus jadi bagian tina obrolan sapopoé sarta pilihan hiburan maranéhna.

Mahabuna média sosial jadi faktor utama nu ngagancangkeun sebaran budaya luar ieu. Platform sapertos TikTok, Instagram, jeung YouTube nyadiakeun rupa-rupa kontén anu nunjukkeun kahirupan idol K-Pop jeung tren anyar ti Korea. Dina waktu singget, rumaja bisa ngeunteungkeun sarta nuturkeun gaya anyar nu sumebar sacara gancang.

Pikeun loba rumaja, K-Pop lain deui ngan ukur hiburan, tapi geus jadi bagian tina identitas sosial. Maranéhna aktif ngilu  jadwal comeback, nonton kontén konser digital, ogé ngiluan komunitas fandom anu sumebar di sababaraha kota. Kagiatan ieu nyiptakeun rasa solidaritas antara sesama penggemar.

Pangaruh budaya Korea ogé karasa dina gaya fashion jeung riasan anu ayeuna populér di kalangan rumaja. Potongan baju sederhana tapi modis, ogé tampilan makeup natural, jadi tren nu loba dipilih. Toko online jeung offline mgilu  ngarasakeun kanaékan paménta produk nu nyoko kana gaya K-style.

Sanajan méré pangaruh positif saperti munculna rasa percaya diri jeung dorongan pikeun berkarya, tren budaya luar ogé mawa tantangan. Sababaraha rumaja jadi leuwih konsumtif ku hayang salawasna nuturkeun tren panganyarna. Standar kageulisan anu dipidangkeun idol sering jadi sumber tekanan psikologis pikeun nu teu percaya kana penampilan diri.

Di balik éta kabéh, fenomena K-Pop nuduhkeun yén rumaja boga peran penting dina ngarahkeun budaya populer di Indonesia. Kalawan mahabuna  arus globalisasi, tren budaya luar diprakirakeun bakal terus beuki nyampak dina kahirupan sapopoé. Tangtanganana ayeuna nyaéta kumaha rumaja bisa ngarasakeun budaya global bari tetep ngajaga identitas budaya sorangan.*

* Tazqia Aulia Zahra, mahasiswa Prodi Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati yang sedang persiapan menyusun skripsi, bermukim di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.