Bandung Raya

Gorowokna Takbir Kudu Dibarengan Jeung Logorna Sodaqoh

0

[

Banjaran, SundaNews (16/3/2025.  Pimpinan Cabang Persatuan Islam (Persis) Banjaran  Kabupaten Bandung, Jawa Barat, ngayakeun acara Mubahatsah Ramadhan nu dilaksanakeun di Masjid PC Persis Banjaran. poe Ahad 16 Maret 2025 jam 06.30 nepi ka 08.30 WIB. . Ieu acara nu dibuka pikeun umum ieu boga tujuan pikeun ngamumulé elmu agama bari ngajaga solidaritas sosial, hususna pikeun Palestina.
Acara ieu dibuka ku pernyataan H. D. Pandi, salaku Ketua PC Persis Banjaran, nu negeskeun yén shodaqoh teh bentuk kepedulian sosial sekaligus wujud katakwaan. Pandi nyorotkeun kumaha pentingna amal nyata pikeun ngabantu sasama muslim, hususna di Palestina nu keur nandangan kasangsaraan.
Acara ogé dieusi ku pagelaran sastra nu ngabogaan muatan kritik sosial. Eko Riyanti macakeun sajak Cinta yang Menghancurkan Propaganda karya Helvy Tiana Rosa, nu eusina ngagambarkeun rasa kuciwa ka dunya internasional, utamana ka nagara-nagara nu masih ngadukung penjajahan kamanusaan di Palestina. Saterusna, Abdullah jeung Fitri macakeun sajak Dari Reruntuhan Kita Berdiri, nu nyaritakeun kumaha gencatan senjata teu beda jeung PHP alias harapan palsu kebebasan.
Solidaritas pikeun Palestina
Henteu ngan ukur jadi ajang diskusi keagamaan, acara ieu ogé diiringan ku penggalangan dana pikeun Palestina jeung donasi pikeun musibah bencana séjénna. Gerakan ieu dijieun minangka bentuk konkret dukungan ka Palestina, nu geus lila nandangan kasangsaraan akibat penjajahan.
Tema anu diusung nyaéta “Mengukir Asa, Menerangi Palestina”, nu nandakeun kumaha pentingna umat Islam pikeun ngalakukeun amal nyata sangkan bisa mawa cahaya harepan pikeun dulur-dulur urang di Palestina.
Ceramah dan Pesan Moral
Al-Ustadz H. Tatan Ahmad Santana nyayogikeun ceramah ngeunaan konstruksi konflik di Palestina. Manéhna ngajelaskeun tilu alasan pembelaan Palestina. Kahiji, alasan syar’i, nu didasarkeun kana ajaran Islam pikeun membéla kaadilan jeung umat Islam dimana waé.
Kadua,  alasan konstitusi, sabab bangsa Indonesia sacara resmi nolak sagala bentuk penjajahan. Katilus, alasan kemanusiaan, sabab konflik di Palestina geus jadi tragedi kamanusaan nu kudu dipikawanoh ku sakabéh masarakat dunia.
Tatan ogé negeskeun yén sabage muslim, tong ukur tarik gorowokna hungkul, tapi kudu dibarengan ku aksi nyata dina bentuk shodaqoh. Tatan ngingetan, ulah nepika takbir tarik tapi ngeusian kencleng ukur dua rébu.
Nu Milu Jeung Tata Cara Acara
Acara ieu dihadiran ku sakumna anggota Persis  jeung kaum Muslimin di sakuliah Banjaran. Ieu kajadian dimimitian ti pukul 05.30 WIB nepi ka rengse.
Kalolobaan pamilon maraké pakaian hideung jeung nganggo atribut Palestina saperti bendera, syal, atawa iket minangka simbol dukungan moral. Sarta, ulah poho mawa sedekah panghadéna sakumaha pangeling-ngeling ti panitia..
Partisipasi jeung Sumber Donasi
Pikeun jalma nu hayang nyumbangkeun dana tapi teu bisa hadir, panitia nyayogikeun rekening khusus di Bank Syariah Indonesia (BSI) pikeun mempermudah prosés donasi. Kontak tambahan pikeun informasi bisa ngaliwatan LAZ Persis KLP Banjaran.
Acara ieu ogé didukung ku sababaraha organisasi Islam, bank syariah, jeung lembaga amal, nu ngajadikeun pangumpulan donasi ieu leuwih maksimal. (herdiana)

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Bandung Raya