SundaNews (24/5/2025). Ara, salah sahiji karyawan SundaNews Farm Bandung nu nganjrek di Kelurahan Antapani Kidul Kota Bandung, geus katipu meleg-meleg ku Dede Arifin nu ngaku tukang jual hampas tahu di Cibuntu, Kota Bandung, Jawa Barat, Rebo (21/5/2025). Duitna Rp 90 ribu nu dipake meuli tilu karung hampas tahu ti Dede Arifin pikeun parab embe peranakan etawa (PE) di peternakan nu dikokolakeunana di Cimenyan, Kabupaten Bandung, ambles.
Ara ngeceskeun, Dede Arifin make modus panipuanana saolah-olah jualan hampas tahu ngaliwatan aplikasi marketplace di internet. Satuluyna menta ditransfer luyu jeung jumlah barang nu dipesen, tapi barang nu dipesen ku konsumen eta teh lebeng teu dikirim-kirim. Padahal duitna geus ditransfer. Samalah nomor kontakna oge jadi ngabigeu, teu bisa ditelepon, teu bisa dichat WA. Taya respon atawa balesan nanaon. Dede Arifin kabur sacara digital.
Dina operasina, Dede Arifin nyodorkeun dua nomor rekening nu aya di dua bank, nyatea Sea Bank norek 9019-2180-5616 jeung Dana Bank norek 0812-881-881-25. “Simkuring transferna ka nomer Sea Bank. Tos opat dinten ti Rebo dugi ka dinten Sabtu ayeuna (24/5/2025), weleh barang tilu karung hampas tahu nu dipesen teh teu dongkap ka rorompok,” cek Ara.
Pikeun ngayakinkeun calon konsumen nu rek ditipuna, cek Ara, Dede Arifin masang profil foto keluarga jeung pamajikan katut tilu budakna. Umurna ditaksir 36-38 taun. Budakna nu cikal sapantar kelas 6 SD atawa kelas 2 SMP. Tapi saprak ngaleungit, foto profilna dina hp-na dipupus. “ Sanajan kitu, profilna tos difoto ku simkuring kanggo bukti” cek Ara ngarasa hanjelu.
Satuluyna Ara meredih sangkan pihak Sea Bank ngablokir jeung nga-black list nomor rekening Dede Atrifin. Malah leuwuh hade lamun diproses sacara hukum, sabab geus ngawiwirang ngaran Sea Bank oge. Horeng Sea Bank dijadikeun tempat ngeruk duit hasil panipuan ti konsumen. “Simkuring yakin, lain simkuring wae nu katipu ke Dede Arifin. Sabab di Bandung wae konsumen hampas tahu pikeun peternakan teh rebuan jumlahna,” cek Ara (Sir).




































Comments