Napak Tilas

Genjlong Bandung 1845 (2):
Hayang Dipaehan Ku Jaksa

0
Ieu mah kaayaan Gedong Sate Bandung dina jaman kolonial nu katembong ti kajauhan sakitu negla jeung mokahana (Foto:SundaNews/Pinterest)

Ku: Tatang Sumarsono

SundaNews (20/12/2024). Ti dinya tuluy Munada ditaréangan ku jelema ratus-ratus, tapi weléh henteu kapanggih. Kacaturkeun waktu tadi di Pasar Ciguriang aya kahuruan, watara pukul tujuh isuk-isuk, aya ménak nonoman nitih kuda sarta panganggona ginding, ménta dipeuntaskeun di Citarum lebah Dayeuhkolot, sabab jaman harita acan aya jambatan di Citarum téh. Ari omongna anu éta numpak kuda téh: “Geuwat ieu déwék peuntaskeun, nya déwék nu ngaran Munada tukang dagang di pasar Bandung jeung anu kongas bobotoh ngadu hayam Kangjeng Dalem téa.”

Ari jaman harita samangsa bobotoh ngadu hayam Kangjeng Dalem sok pada ngajénan.

Tuluy dipeuntaskeun sarta ti lembur ka lembur deui ménta dianteurkeun, kitu baé nepi ka soré, terus mapay jalan ka Tarogong.

Kira geus tengah poé, ménak-ménak jeung pulisi-pulisi di kota Bandung pada meunang béja yén Munada geus meuntas Citarum ti Dayeuhkolot sarta ngaku jadi bobotoh ngadu hayam Kangjeng Dalem. Ti dinya brul baé jalma lalaki sakota Bandung pada nyusul sarta marawa gagaman. Tapi teu kasusul, sabab kaelatan teuing, Munada meuntasna lebah Citarum watara pukul tujuh, ari nu nyusul datangna ka dinya geus liwat lohor.

Ti harita jalma sa-Kabupatén Bandung pada ngarahrah di lembur-lembur, di leuweung-leuweung, nepi ka dua bulan lilana teu manggih baé katerangan. Lila-lila aya urang Tarogong anu ngomong yén éta mah anu tumpak kuda, anu dianteur ku urang Majalaya, Radén Wiria, jurutulis jaksa. Ti dinya tuluy dipariksa sarta ditepungkeun jeung tukang meuntaskeun di Citarum Dayeuhkolot téa, jeung nu ngiringkeun ti lembur ka lembur deui, ana dipariksa kabéh pada nujul yén anu ngaku éta Munada téh. Barang dipariksa éta Radén Wiria, pokna meunang paréntah ti jaksa.

Gancangna jaksa ditangkep, tuluy diiangkeun ka Surabaya sarta teu kacatur balikna deui ka Bandung.

Geus nepi ka tujuh bulan ti wates Tuan Asistén Nagel dipaéhan, teu aya kénéh baé katerangan, ka mana inditna éta Munada.

Tuan Asistén tuluy nyanggakeun voorstel ka gouvernement supaya Regén Bandung Raden Adipati Wiranatakusumah dilirénkeun tina jadi bupatina, lantaran katempuhan pédah familina.

Henteu sabaraha lilana datang lepasan sarta dialihkeun linggihna ka Cianjur. Meunang lima taun di Cianjurna, mulih-mulih sanggeus putrana jumeneng Bupati Bandung, anu disebut Dalem Bintang téa.

Sanggeus Jaksa Bandung anu ngaran Naranata téa dibuang ka Surabaya, geus duaan anu ngaganti jadi jaksa, tapi teu kamanah baé ku Asistén Residén anyar téh. Tuluy gouvernement ngangkat Raden Suriadilaga, ajun jaksa di Purwakarta, jadi jaksa di Bandung.

Sanggeus tetep dina pagawéanana kabeneran aya randa, urut bojona jaksa anu dibuang ka Surabaya téa, tuluy ditikah. Ti bojona anu anyar téa jaksa téh meunang katerangan, sihoréng téh pangna éta Munada henteu baé katangkep, disumputkeun ku Jaksa Naranata. Sanggeus Munada maéhan Tuan Asistén Nagel, waktu subuh-subuh téa dina kahuruan, soréna poé éta kénéh, éta Munada ditanya ku jaksa anu dibuang, naha mending dihukum gantung atawa rék maéhan manéh baé.

Ari jawaban Munada: “Kuring mah hayang dipaéhan ku Juragan Jaksa  baé.”

Kira tengah peuting tuluy Munada diasupkeun kana peti geledeg, beuheungna dicangreudan ku tali, sanggeus paéh tuluy digotong ku opat jalma dipalidkeun ka Citarum.

Semet kitu cariosan Munada téh teu aya deui kebatna, tapi éta katerangan beunang jaksa nu asal ti Purwakarta téa, geus leuwih ti dua taun ti wates Tuan Asistén Nagel dipaéhan.

*

Peristiwa Munada anu ditulis dina WCM mah leuwih euyeub batan anu jadi bagian tina BRAAM, sanajan eusina tacan dijamin bisa dianggap data sajarah. Ari sababna WCM mah leuwih beurat kana nyampurkeun sajarah jeung fiksi, batan kana peristiwa sajarahna anu dumasar kana data oténtik.

Teu béda ti anu ilahar aya dina karya sastra, dina WCM mah pribadi tokoh-tokohna téh digambarkeun kalawan lengkep. Kitu deui aya galur carita, téma, katut gaya basa métafora jeung simbolis. Jadi WCM mah leuwih keuna mun disebut karya sastra sajarah.

Dina WCM mah anu jadi Hoofdjaksa (jaksa kapala) di Bandung téh lain Naranata, tapi Radén Demang Mangunagara. Éta jaksa ngarasa meunang kanyeri ti Bupati Bandung jeung Asistén Residén, patali jeung urusan di pagawéanana. Komo ku Bupati Bandung mah ngarasa nyeri haténa téh ku dua, ku tilu. Ari sasabna, Jaksa Mangunagara téh mikahayang putri bupati, ngaran Rajapamerat anu cenah geulisna kawanti-wanti. Ari pék éta putri kalah dijodokeun ka Radén Surya Kusumahdinata (putra Bupati Sumedang) anu harita jadi kumetir kopi di Cianjur. Jaksa Mangunagara asa diteungteuinganan, dipegatkeun kasuka.

Asistén Nagel téh masih kénéh lalagasan. Manéhna ménta ka Bupati Bandung supaya disadiaan batur sakasur (istilahna nyai-nyai). Nya dibéré (nginjeum) salah saurang selir bupati. Éta selir téh mun peuting giliran asup ka loji, jadi batur saré Asistén Residén, ari beurangna balik deui ka pendopo kabupatén.

Lila-lila selir téh ngandeg, tapi Nagel teu hayangeun ngaku ka jabang bayi anu masih kénéh dikakandung. Sanggeus ngaliwatan musawarah, ahirna éta selir ditikah ku bupati, tur anak anu dina kandunganana diakukeun putrana pituin. Si selir dibéré “parurugi” ku Asistén Nagel, gedéna sarebu gulden. Teu kungsi lila selir ngalahirkeun, dingaranan Raden Eros, anu kagegedéanana jadi Radén Adilaga. Sanggeus sawawa, Radén Adilaga téh jadi nonoman anu pinter, ganteng, jeung kulitna bulé kawas urang Walanda. Karirna ogé maju, tepi ka ahirna bisa nyekel kalungguhan Wadana Ujungberung.  (nyambung)

      *Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, kolumnis, carponis, novelis, esais, budayawan jeung sastrawan  Sunda, dileler dua kali Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Napak Tilas