Ku: H. Tatang Sumarsono
Dina kamekaran awalna, ayana sakola téh mémang leuwih ditujulkeun pikeun bangsa ménak jeung santana, da ari rahayat kuricakan mah tacan katodél-todél. Kitu ogé angger waé anu diheulakeun mah pendidikan pikeun kaom lalaki. Najan kitu, dina émprona mah hasil tina pendidikan formal pikeun kaom ménak téh bisa ngalahirkeun Dewi Sartika anu kokocoranana ti lingkungan kabupatén. Gagasan pikeun ngaronjatkeun kaom wanoja diréalisasikeun ngaliwatan dunya pendidikan, ku cara ngayakeun sakola husus pikeun wanoja.
Najan asalna ti lingkungan ménak, tur masih kénéh aya réréhan ti Dalem Bandung rundayan Wiranatakusumah, tapi kahirupan Dewi Sartika téh prihatin. Ramana, R. Rangga Somanagara, ku pamaréntah kolonial dibuang ka Ternate, sabab dituduh kabaud kana komplotan anu ngarencanakeun rék maténi Bupati Bandung, R.A.A. Martanagara, turunan ménak Sumedang.
Dewi Sartika (lahir di Bandung, 4 Desember 1884, ngantunkeun di Tasikmalaya, 11 Séptémber 1947) dikukut ku uana, di Cicaléngka. Dina umurna geus manjing, nya disakolakeun. Harita, najan masih kénéh langka, wanoja geus aya anu asup sakola, tapi éta téh ukur pikeun turunan ménak. Ari wanoja ti kalangan rahayat biasa mah nasibna téh angger waé.
Sanggeus Dewi Sartika nincak rumaja, bet jorojoy aya niat hayang ngayakeun sakola pikeun kaom wanoja. Kaweruh jeung kabisa meunang diajar ti sakola, hususna maca jeung nulis, aya karep rék ditépakeun ka papada wanoja séjénna ti kalangan somah murba.
Hirup prihatin nu karandapan ku dirina kaasup kana faktor naon sababna Dewi Sartika boga gagasan anu sakitu mulyana, nyaéta hayang ningkatkeun darajat kaom wanoja ngaliwatan pendidikan. Dewi Sartika gedé jasana pikeun kamekaran pendidikan jeung émansipasi wanoja; lain wae di Tatar Sunda, tapi Indonésia deuih.
Mun téa mah jasa Dewi Sartika teu dianggap leuwih hébat atawa tui disaruakeun jeung R.A. Kartini, hal éta téh taya lian sabab pamaréntah kolonial moal ngantep turunan karaman (pemberontak) sina naék ka panggung sajarah. Béda deui jeung Kartini anu kasang tukang kulawargana dianggap mulus jeung taya codékana ku pamaréntah kolonial.
Lamun ditilik tina téknis garapanana, tétéla jauh pisan antara anu dipigawé ku Sartika jeung Kartini téh. Sartika langsung prak di lapangan ku cara muka sakola pikeun kaom wanoja, tur hasil tina garapanana bisa langsung katempo.
Ari Kartini mah apan ukur sawates dina gagasan. Hasil pikiran Kartini diébréhkeun dina surat-surat anu ditujulkeun ka Abendanon, urang Walanda, anu harita jeneng Menteri Kebudayaan, Agama, dan Kerajinan, terus dikumpulkeun jadi buku anu judulna ditarjamahkeun Habis Gelap Terbitlah Terang. Tapina aya dugaan, éta surat téh saenyana hasil rékayasa Abendanon pikeun kapentingan pulitik pamaréntah kolonial. Ari sababna Abendanon boga kapentingan pikeun nyukséskeun pulitik étis.
Lian ti éta, cenah sabagian gedé naskah asli dina bentuk suratna téh teu (tacan) kapanggih bungkeuleukanana. Padahal apan urang Walanda téh kawentar apik dina ngampihan jeung ngadokuméntasikeun arsip.
Sartika maotna dina jaman révolusi, waktu pasukan NICA ngawasa Bandung. Anjeunna ngantunkeun di pangungsian, di Cinéam. Ku hal ieu gé kagambar yén Sartika pro républik. Cacak mun angger matuh di Bandung bari milu mihak ka Walanda, tangtu moal ngalaman hirup kadungsang-dungsang di pangungsian.
Tapi dina kanyataanana jasa Kartini dina widang pendidikan umumna dianggap leuwih luhur, ari Sartika ukur dianggap lingkup Jabar wungkul, tepi ka sok aya anu nyebut Sartika téh Kartinina Jawa Barat.
Pangna kitu téh deuih, mungkin waé sabab Dewi Sartika mah urang Sunda anu dina percaturan nasional teu lega lolongkrang dina ngalegitimasi peristiwa pikeun ngeusian jeung ngalengkepan sajarah nasional. Buktina waé masih kénéh réa tokoh Sunda anu gedé jasana ka nagara, tapi tepi ka kiwari tacan dianggap pahlawan, malah aya kesan ditilemkeun tina sajarah nasional.*
*H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments