Ku: Ridhazia
JADI kolot (aging) téh salasahiji faktor panyebab paehna manusa. Faktana, tina sakitar 150.000 jalma nu paeh unggal poé di sakuliah dunya, kira-kira dua pertigana atawa 100.000 urang sapoé paeh lantaran faktor umur nu geus kolot atawa ngolotan.
Jeung, paehna manusa rata-rata ngahontal titik puncak sanggeus umur 115 taun. Sésana tina harepan hirup maksimum téh mangrupa pangecualian.
Keniscayaan Hirup
Jadi kolot téh hiji keniscayaan hirup. Jadi kolot teu bisa dipungpang. Salaku prosés alami, jadi kolot atawa ngolotan nurutkeun élmu téh teu leuwih ti parobahan karuksakan jaringan awak nu lumangsung sacara évolutif jeung teu bisa ditunda.
Diduga Stres!
Panilitian nu dipedalkeun dina Ecology Letters (2022) manggihan yén sepuh manusa aya patalina jeung stres.
Panjelasanna, stres bisa nyababkeun jam biokimia awak ngabelesat leuwih gancang tibatan normal. Otot tegang jeung tekanan darah ogé naék. Sakabéh tekanan ieu maksa kagiatan sistem saraf jadi teu normal.
Nalika stres, sistem kekebalan awak ogé nurun anu tungtungna ngajadikeun awak hésé ngalawan panyakit ti luar sarta leuwih rentan katépaan panyakit ti jero.
Inget! Tapi penting diinget, yén stres teu mangaruhan ka sadaya jalma ku cara nu sarua.
Kamampuh individu dina ngarti kana émosina sorangan jadi alesan kunaon jadi kolot atawa ngolotan bisa béda-béda dina umur anu sarua.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis dan kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments