Ku: H. Tatang Sumarsono
“Jaman baheula mah, kawentar sok aya jalma sakti, nya?”
“Nya meureun. Apan kitu anu dipikabutuh dina jamanna, kawas dina jaman jumenengna bao uing baheula, cenah,” walon uing. “Tapi apan teu babari mun hayang boga kasaktén téh. Loba saratna, jeung prosésna gé lain sakeudeung-keudeung. Anu matak sual kasaktén mah umumna ukur nyampak dina dongéng. Malah sok ditambahan ku ungkara mandraguna atawa manggulang-mangguling.”
“Heueuh atuh, da sagala rupa ogé kudu aya pameulina. Kudu daék hirup perih, sangkan urang boga peurah. Kitu lin ceuk babasan kolot baheula, gé?”
Ku uing diheueuhan, laju dipokkeun, “Ari silaing, naha bet ujug-ujug nyaritakeun jalma sakti ieu téh? Apan ayeuna mah geus lain usumna.”
“Ah, ceuk saha?” ki silah rikat némpas. “Usum kénéh, ah. Ceuk saha dina jaman kiwari taya jalma sakti?”
Ku uing diseungseurikeun.
“Naha maké seuri?”
“Heueuh, naon perluna jalma dina jaman kiwari maké kudu jeung sakti sagala? Apan ayeuna mah kasaktén téh geus diganti ku hasil téknologi. Manasina baheula, hirup nyanghareupan alam téh kacida beuratna. Rék indit-inditan jauh, kudu leumpang, malah kudu bisa napak kancang, upamana. Ari ayeuna, apan rupa-rupa kendaraan geus nyampak. Ayeuna mah geus teu butuh anu suprarasional.”
“Nya angger wé masing geus jaman modéren ogé, kasaktén téh dipikabutuh kénéh. Upamana, kumaha carana sangkan bisa bébas tina jiret hukum,” pokna bari ngahéhéh.
“Jih, ari silaing, geuning kalah diléokkeun ka dinya.”
“Heueuh atuh. Da dina buktina jalma sakti téh ning aya kénéh. Mun baheula aya ajian belut putih, ayeuna gé apan aya ajian belut diolian. Anu matak, leueurna nataku dina rék ditéwak téh, éta mah naha bagian ka hulu atawa bagian ka buntut. Sarua waé. Sakti lin jalma anu bisa kitu téh, lin?”
“Kasaktén anu kitu mah lain hasil tina tatapa kuru cileuh kentél peujit atuh,” ceuk uing, sarua deuih bari nyéréngéh. Heueuh, jadi ras kana sawatara kajadian kiwari anu keur remen ditarabeuh dina média, ngeunaan tokoh anu pinter babalicetan, najan geus dikepung bari kaitung kékép.
“Heueuh, éta mah hasil tina ulin pupulitikan. Kudu weweg dina ngawangun jaringan, masing bisa mepek balad, kumaha carana muranténg kana kakawasaan najan bari ngorbankeun harga diri sorangan, masing ceplés dina keur akon-akon lamun manggih karerepet, kudu hirup lubak-libuk bari ulah lebar ku rajakaya, jeung tangtu waé kudu kandel kulit beungeut ngarah teu karasa lamun lamokot diciduhan batur.”
“Sakti anu kitu mah kakaitanana dina néangan pangeunteupan, dapon dirina salamet, malah mun bisa mah bari unggah jabatan.”
“Persis. Kumaha carana sangkan bisa salamet ngagunakeun rupa-rupa cara akrobat jeung sulap-selip susulapan.”
“Tapi hirup kawas kitu mah atuh geus leungiteun ajén diri.”
“Ha-hah …, naha maké kudu mikiran ajén diri sagala, da nu penting mah anggerna loba dukungan, ngan saratna kudu lega awur.”
“Dukungan ti usung-ésang nu kitu mah.”
“Ah, sarua waé. Rék dukungan ti usung-ésang anu nalamprak ménta bayaran, rék dukungan iklas ti balaréa anu teu miharep nanaon, apanan itungan pamustungan dina pulitik mah bakal dianggap sarua, moal diwilah-wilah. Geura waé dina bangsaning kungras-kongrés atawa musawarah, apan anu diitung mah sora hasil ahirna. Sugan kungsi kabéjakeun, dina putusan sidang ditétélakeun yén ieu sora murni, jeung yén itu sora meunang meuli? Tacan kungsi ngadéngé, nya?”
Uing unggut-unggutan, saméméh pok, “Heueuh, susah. Mun rahayat miskin matéri, pamingpin miskin ruhani. Jigana kateterusan bakal kitu. Pamingpin anu maruncul téh lain hasil seléksi alamiah obyéktif anu didadasaran ku cita-cita jeung kapentingan balaréa, tapi anu bisaan pat-pat gulipat abrakadabra …. Najan geus ngundurkeun diri gé angger wé engkéna bisa nyéngclé deui dina jabatan asal, malah bari leuwih diwewegan. Heueuh, da ku teu boga kaéra téa. Lain kulit badak deui meureun, tapi dinosaurus. Kajeun jadi bahan kaomongan balaréa, kajeun pada ngiritik, angger wé noyod bari sura-seuri.”
“Éta téh pamingpin, nya?”
“Nya heueuh, pamingpin, da ari rahayat pantar urang-urang mah pimanaeun bisa kikituan. Apan kudu gedé modal mun hayang bisa kitu téh.”
“Tacan deuih lamun nyaritakeun mahar, apan geus sa deui waé dongéngna téh.”
“Heueuh tuda, jaman ayeuna mah naon anu gratis, da kudu aya pameuli jeung rurubana.”
“Apan ngarah bisa sakti téa …,” pokna bari ngahéhéh.
“Tanding belut diolian, terus dibaluran ku setémpét. Geus tangtu, bakal leuwih leueur batan angeun lompong anu geus dua poé teu dihaneutkeun.”
“Atuh éta mah bau haseum?”
“Apan anu ayeuna gé kitu, malah leuwih mabek,” uing gé sarua nyarita téh bari ngahéhéh.*
*H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.




































Comments