Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (23/10/2026). “Enyalah, kondisi ékonomi bangsa urang kiwari keur prihatin, bari saenyana mah éta geus lila. Da ti jaman Ordeu Baru kénéh ogé, sumber ékonomi téh kalolobaanana geus henteu dicekel ku bangsa pribumi, tapi ku turunan asing. Terus ayeuna, ancaman anu datang ti luar beuki ogé nerekab, tur gedé pangaruhna kana kaamanan jeung kadaolatan nagara urang, boh ancaman anu mangrupa idéologi, boh dina bentuk séjénna,” omong ki silah.
Uing tacan waka mairan, da tacan kateguh bakal ka mana omongan manéhna ngaléokna. Biasana gé sok hésé dibadé ti samemehna, tuda.
“Tapi, ari ceuk sayah mah, dina diri urang salaku bangsa téh aya daya cegah, anu ahirna bakal jadi pangjurung ludeung tandang pikeun nolak éta ancaman. Kabuktian apan dina jaman révolusi kamerdékaan; rahayat singkil pikeun ngabéla bangsa reujeung nagara. Loba pisan pangorbanan rayat dina jaman harita. Lain ukur semet harta jeung tanaga, tapi deuih jiwa. Rayat jeung tentara sabilulungan, tepi ka di urang mah lahir doktrin perang semesta,” pokna deui.
“Enya, tapi dina jaman révolusi mah jelas musuhna. Jadi puguh saha-sahana anu kudu disanghareupan téh, nyaéta kakuatan asing anu rek ngajajah deui lemah cai urang,” ceuk uing, tamba henteu ngomong teuing.
“Tapi geuning, dina jaman mahabuna gorombolan, kakuatan anu kudu disanghareupan ku rayat téh tunggal sabangsa. Buktina angger wé rayat tandang, babarengan jeung alat nagara pikeun numpesna. Sarua dina jaman harita gé rayat loba nu jadi korban.”
Uing teu ngomong, da mémang kitu ceuk dina sajarah gé. Konsép pager bitis pikeun ngepung gorombolan, apan dina prakna téh jadi bagian tina perjuangan rayat, lain tentara wungkul.
“Terus deuih dina taun 1965, waktu aya peristiwa G30S/PKI, apan harita rayat milu ka hareup. Lahirma rupa-rupa kesatuan aksi dina taun 1966 téh apan jolna ti kalangan sipil, digerakkeun ku para pamuda,” omongna deui.
Uing ngahuleng kénéh. Tapi ahirna mah teu burung aya anu dipokkeun, “Jadi, mun dipatalikeun jeung kaayaan kiwari, urang téh rék kumaha atuh?”
“Urang saréréa kudu sagancangna hudang pikeun ngabéla idéologi katut kadaolatan bangsa jeung nagara,” témbalna tandes.
Uing unggut-unggutan.
“Rayat téh boga kakuatan, sarta dina geus prakna tandang téh éstu ngan ukur pikeun ngabéla bangsa jeung nagara. Rayat mah teu boga kapentingan séjén, da ngan éta-étana anu jadi udaganana téh,” ki silah neruskeun caritaanana.
“Béda deui jeung bangsaning oknum pamingpin anu baroga kapentingan pribadi jeung golongan mah, dina enyana milu tandang ogé saenyana ukur pikeun ngabéla kapentinganana, boh nu patali jeung kadudukan, boh aya pakaitna jeung sumber ékonomi. Oknum pamingpin anu kitu patut mah berjuangna téh lantaran boga pamrih pribadi, bari sakapeung mah sok haripeut ku teuteureuyeun. Oknum pamingpin anu kitu mah rajeun milu berjuang sotéh lamun kapentinganana ngarasa kaganggu.”
“Ah, teu kitu kabéh meureun,” ceuk uing.
“Nya henteu ari sakabéh pamingpin kitu peta mah. Tangtuna aya, mun teu rék disebut réa ogé, pamingpin anu tandangna téh enya-enya pikeun ngabéla kapentingan bangsa jeung nagara. Tah, pamingpin anu kitu, anu bakal salilana babarengan berjuang jeung mihak ka rayat mah. Béda jeung pamingpin anu berjuangna téh lantaran boga pamrih pribadi, dina geus hasil téh bakal ninggalkeun jeung poho ka rayat.”
Uing unggut-unggutan deui.
“Sayah mah geus mimiti boga kacindekan yén kembang-kembangna kakuatan rayat téh mimiti némbongan,” pokna deui. “Faktor anu jadi pangjurungna téh nyaéta ayana ancaman kana kadaolatan bangsa jeung nagara. Jeung éta ancaman téh jolna ti nagara deungeun dina rupa-rupa cara. Bisa jadi saenyana mah kasusna kawas gunung és. Nu katémbong téh ukur punclutna wungkul, padahal di sahandapeunana aya bagian anu leuwih gedé jeung leuwih rohaka. Naha para pamingpin di urang aya nu engeuh kana hal éta?”
“Ah, piraku teu engeuh atuh. Nya aya,” ceuk uing.
“Persis,” manéhna gasik ngaheueuhan. “Ngan masalahna, naha éta pamingpin téh boga lolongkrang bébas bagerak pikeun ngabéla bangsana, atawa ukur nyicingan posisi anu katalikung?”
Uing teu mairan, da teu apal kudu kumaha ngajawabna.
“Tapi, rék kitu rék kieu, dina kaayaan anu geus kagencét mah, kakuatan rayat bakal merejel, tur moal bisa dihalang-halang. Enya, kakuatan anu tujuanana pikeun ngabéla kadaolatan bangsa jeung nagara, rék kumaha waé carana,” pokna deui.*
* H.Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.




































Comments