Ku: Nazwa Afifia Hafitri
JAMAN digital geus ngarobah rupa-rupa kabiasaan dina kahirupan sapopoé. Cara jalma néangan informasi, komunikasi, diajar, nepi ka nepikeun pamadegan ayeuna beuki loba dilakukeun ngaliwatan média digital.
Pikeun mahasiswa, média sosial geus jadi bagian anu teu bisa dipisahkeun tina kahirupan. Dina hiji layar telepon, rupa-rupa informasi bisa kapanggih dina waktu anu singget. Tapi, di di sagigireun éta, aya tangtangan anu kudu disanghareupan, nyaéta kumaha sangkan urang henteu ngan saukur jadi panongton dina derasna arus informasi.
Unggal poé, média sosial ngeusian pamakéna ku rupa-rupa informasi. Aya béja ngeunaan kajadian sosial, politik, atikan, hiburan, nepi ka perkara anu keur viral. Hiji informasi bisa sumebar dina waktu anu kacida gancangna, malah kadang leuwih gancang tibatan prosés pikeun mastikeun bebeneranana.
Judul anu matak panasaran, vidéo pondok, jeung potongan informasi mindeng jadi bahan anu gampang dibagikeun. Masalahna, henteu sakabéh informasi anu loba dibagikeun téh pasti bener. Dina kaayaan saperti kitu, kamampuh pikeun milah jeung mariksa informasi jadi hal anu penting.
Mahasiswa salaku bagian tina masarakat akademik sakuduna henteu gampang narima sagala informasi anu kapanggih dina internét. Hiji béja henteu cukup dipercaya ngan lantaran geus dibagikeun ku loba jalma. Sumber informasi kudu dipariksa, eusina kudu dibaca sacara gembleng, sarta lamun perlu dibandingkeun jeung sumber séjén.
Kabiasaan saperti kitu mangrupa bagian tina literasi digital. Dina jaman nalika informasi datang silih ganti, kamampuh mikir kritis jadi modal penting sangkan urang henteu gampang kabawa ku informasi anu can tangtu bebeneranana.
Tapi, média digital sabenerna lain ngan ukur tempat pikeun narima informasi. Kamajuan téknologi ogé muka kasempetan pikeun mahasiswa sangkan bisa jadi bagian tina jalma anu ngahasilkeun informasi. Tulisan, poto, vidéo, podcast, jeung rupa-rupa karya digital bisa dijieun pikeun nepikeun gagasan atawa ngangkat persoalan anu aya di sabudeureun.
Média sosial ogé bisa dijadikeun rohangan pikeun ngabagi pangaweruh, nyebarkeun informasi anu mangpaat, sarta ngawanohkeun karya mahasiswa ka masarakat anu leuwih lega. Ku kituna, mahasiswa henteu ngan ukur jadi konsumen informasi, tapi ogé bisa jadi bagian tina jalma anu ngahasilkeun informasi.
Dina widang jurnalistik, kasempetan éta dibarengan ku tanggung jawab anu henteu leutik. Gancang dina nepikeun informasi teu meunang ngaleungitkeun katepatan fakta. Informasi kudu boga sumber anu écés, data kudu luyu jeung kanyataan, sarta kontéks hiji kajadian kudu ditepikeun sacara lengkep.
Lamun prinsip éta teu diperhatikeun, média digital bisa robah jadi tempat sumebarna hoaks jeung informasi anu nyasabkeun. Ku sabab kitu, saha waé anu nyieun atawa ngabagikeun informasi kudu sadar yén unggal eusi anu sumebar bisa mangaruhan pamadegan jalma séjén.
Lamun ditilik leuwih jauh, mahasiswa miboga posisi anu cukup penting dina kahirupan digital. Mahasiswa henteu kudu terus-terusan jadi panongton anu ngan ukur ningali naon anu keur viral, tuluy ngabagikeunana deui. Aya kasempetan pikeun milu nyieun eusi anu miboga ajén jeung mangpaat. Rasa panasaran, kamampuh mikir kritis, jeung pangaweruh anu dipiboga mahasiswa bisa dijadikeun modal pikeun ngahasilkeun informasi anu leuwih edukatif. Média digital ku kituna henteu ngan saukur jadi tempat hiburan, tapi ogé bisa jadi rohangan pikeun diajar, nyieun karya, jeung nepikeun sora mahasiswa.
Tungtungna, jadi bagian tina jaman digital lain ukur perkara sabaraha lila urang ngagunakeun média sosial atawa sabaraha loba informasi anu bisa ditingali dina sapoé. Nu leuwih penting nyaéta kumaha urang ngagunakeun éta téknologi. Ulah ngan jadi panongton anu nuturkeun sagala rupa anu keur ramé.
Jadi pamaké média anu bisa mikir, bisa milah informasi, sarta wani ngahasilkeun karya anu tanggung jawab. Sabab dina tengah arus informasi anu beuki gedé, jalma anu ngan ukur ningali mah loba, ari jalma anu bisa méré mangpaat ngaliwatan informasi mah butuh kasadaran jeung kawani.
*Nazwa Afifi Hafitri, mahasiswa sewmester 7 Prodi Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati yang sedang persiapan penelitian skripsi, bermukim di Bandung, Jawa Barat.




































Comments