Ku: Ridhazia
MEDIA internasional ngasupkeun pertandingan Persib Bandung jeung Persija Jakarta anu dijulukan “El Clasico Indonesia” kana daptar rivalitas pangpanasna jeung pangbahayana di dunya.
Tensi dina derbi ieu ogé geus jadi paséaan anu kacida ékstremna. Suporter ti dua klub, nyaéta Bobotoh Persib jeung The Jakmania Persija, tingkat fanatismena geus bisa disaruakeun jeung derbi-derbi top di Éropa atawa Amérika Latin.
Laga Gila
Média olahraga di Amérika Serikat jeung Inggris kungsi ngalabelan adu gengsi Persib ngalawan Persija minangka salah sahiji “laga panggila di Asia”, lantaran atmosfir di kalangan panongtonna dianggap leuwih rawan dibandingkeun pertandingan di nagara-nagara séjén.
The Guardian ti Inggris ogé kungsi ngabahas sacara jero fenomena jeung kaunikan fanatisme luar biasa para suporterna ngaliwatan rubrik ikonis “The Knowledge”, minangka salah sahiji pertandingan klasik.
Dina artikel anu judulna “What is the greatest distance between two football teams contesting a derby?”, disebutkeun yén pertandingan Persib ngalawan Persija di Indonesia miboga tingkat fanatisme, sajarah konflik, jeung skala katégangan anu kacida panasna, pinuh ku tekanan sarta matak nyieun suasana jadi tegang.
Skala fanatisme suporter anu ngalibetkeun dua klub ti kota anu béda, anu jarakna kira-kira 173 kilométer, dipikawanoh kacida masifna sarta pinuh ku loyalitas anu luhur.
Ceuk The Guardian, duanana tim salawasna ngahadirkeun atmosfir katégangan anu karasa ku jutaan suporter di dua kota, boh di jero boh di luar lapangan.*




































Comments