Kolom Sosial Politik

Salah Can Kungsi Eleh

0

 

Ku: Ridhazia

KAMEUNANGAN dramatis Argentina ngalawan Mesir dina babak 16 gedé Piala Dunia 2026 masih nyésakeun kontrovérsi. Tapi dina emprona mah  henteu kitu pikeun Mohamed Salah.

Sikep pamaén bal muslim éta sanggeus ngalaman éléh sacara dramatis malah kacida wijaksanana sarta jadi panyalindung haté pikeun babaturan satimna di tengah skuad Mesir anu keur ambek jeung kuciwa.

Mantan pamaén Liverpool éta milih némbongkeun sikep déwasa sarta nyingkirkeun émosi négatif. Salah ngumpulkeun sakumna pamaén sarta ménta ka réncang-réncangna sangkan narima hasil éta kalayan dada lega.

Salah ogé nétélakeun yén éléh dina pertandingan éta mangrupa katangtuan jeung pangersa Allah. Komo deui, skuad Mesir geus mampuh méré lalawanan anu pohara sengit nepi ka menit panungtungan, hal anu matak reueus pikeun sakumna rahayat Mesir.

Anjeunna ogé ngadorong sumanget babaturan satimna sangkan ngajadikeun kajadian éta minangka pangajaran anu berharga, bari jangji bakal ngahontal hasil anu leuwih hadé dina mangsa nu bakal datang.

Saha Salah?

Mohamed Salah kiwari nyangking status tanpa klub. Anjeunna sacara resmi ninggalkeun Liverpool FC dina ahir usum kompetisi 2025-2026, sakaligus mungkas mangsa bakti salila salapan taun di salah sahiji klub papan luhur Éropa.

Citrana minangka muslim anu handap asor, resep méré, sarta taat dina ngalaksanakeun ibadah ngajadikeun anjeunna salaku duta budaya anu ngenalkeun ajén-inajén Islam anu ramah tur mawa katengtreman ka masarakat dunya.

Dikabarkeun, Mohamed Salah ngarencanakeun pindah ka Arab Saudi anu nawarkeun gaji jauh leuwih gedé batan nu biasa ditarima di klub-klub Éropa. *

    * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.