Ku: Ridhazia
ALHAMDULILLAH Puji Syukur. Lembaga panalungtikan Pew Research Center ngaluarkeun hasil survéy taun 2025 nu nempatkeun Indonesia dina urutan kahiji minangka nagara pangreligiusna sarta pangrajin ibadahna di dunya.
Di urutan saterusna aya sababaraha nagara di buana Afrika saperti Kenya jeung Nigeria. Sésana mangrupa nagara-nagara “kelas menengah” di buana Asia.
Sedengkeun pikeun nagara-nagara di buana Éropa jeung Amérika, numutkeun survéy éta, teu kacatet sacara écés dina kategori pangrajin ngadoa sapopoé.
Tingkat Religiusitas
Sababaraha opini publik remen ngaitkeun luhurna tingkat religiusitas dina ngadoa sapopoé jeung palaksanaan ajén-inajén agama dina disiplin kahirupan sapopoé.
Hartina, ngadoa diposisikeun minangka hiji kaharusan pikeun ngakuan kawatesanan manusa di handapeun kakawasaan Gusti Nu Maha Kawasa, anu diyakini ngalangkungan logika manusa nu kawates.
Logika Positif
Fakta nu nyebutkeun yén penduduk Indonesia pangrajinna ngadoa di dunya teu bisa langsung dipatalikeun jeung anggapan yén masarakatna kurang ngagunakeun logika.
Agama miboga sipat positivistik, nya éta pandangan anu nempatkeun aspék kaagamaan—saperti ritual jeung moralitas—salaku fakta sosial anu bisa dititenan, diukur, sarta katingali sacara empiris.
Ngagunakeun logika positif dina ngadoa hartina yakin yén naon waé nu geus ditetepkeun ku Gusti téh mangrupa nu panghadéna, sanajan teu saluyu jeung harepan pribadi.
Sekular jeung Modernitas
Aya prosés sekularisasi jeung modernitas di balik alesan naha penduduk nagara maju teu sakitu rajinna ngadoa saperti di nagara miskin atawa nagara berkembang.
Data survéy Pew Research Center ngagambarkeun hal éta, patali jeung ngaronjatna sekularisasi. Peran agama dina kahirupan publik jeung privat beuki melemah.
Kaayaan ieu kagésér ku parobahan budaya jeung pandangan yén agama téh urusan pribadi, lain deui kawajiban budaya.
Kamakmuran
Spiritualitas kaagamaan ogé keur nyanghareupan tantangan, lain ukur ku logika jeung rasionalitas, tapi ogé ku faktor kamakmuran. Ieu kabuktian tina riset ngeunaan hubungan agama jeung tingkat kamakmuran.
Studi Pew Research Center manggihan yén di nagara anu miboga PDB per kapita leuwih ti 30.000 dolar AS, kurang ti 40 persén jalma déwasa ngaku ngadoa unggal poé.
Nalika hiji nagara beuki makmur, kabutuhan individu kana intervensi ilahi pikeun kasalametan atawa nyumponan kabutuhan dasar lalaunan mimiti nyirorot.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments