Napak Tilas

Islam Sunda Jeung Sunda Islam

0
Mgertakeun Bumi Lamba, minangka salah sahiji tradisi budaya Sunda nu ayana di Tangkuban Parahu. Subang, Jawa Barat. Remen dipatalikeun jeung Islam Sunda atawa Sunda Islam. (Foto: SundaNews/Mongabay)

 

Ku: H. Tatang Sumarsono

SundaNews (16/3/2026). Meteungteungkeun Islam jeung Sunda, lain waé bisa nimbulkeun hal-hal anu kontra produktif, tapi deuih teu mustahil bakal nyasabkeun. Mana komo lamun kaweruh anu medarna déét tur céték, bari arguméntasina ukur sarawél-rawélna mah, atawa teu maké arguméntasi pisan, da ukur dilelebah. Maksud téh, Islam dina posisi sariat. Ari sababna mah, anu disebut sariat téh geus pasti patali jeung kayakinan atawa ageman anu sipatna sakral.

Paling-paling anu bisa dipedar téh (maksudna ku anu nyusun ieu tulisan), ukur sawates anu patali jeung pamolah jalmana anu didadasaran ku papahaman dirina kana Islam. Maksudna manusa Sunda patali jeung amal-amalanana anu nyoko kana ajaran Islam.

Mémang enya, K.H. Endang Saifuddin Anshari, MA kungsi ngedalkeun pamanggihna dina taun 1970-an, “Yén Islam téh Sunda, jeung Sunda téh Islam.” Bawirasa éta ungkara téh ulah dihartikeun sajalantrahna kawas “ari caruluk téh buah kawung, jeung ari buah kawung téh caruluk”. Teu bisa ditarik kacindekan kawas kitu. Islam jeung Sunda mah dua substansi anu béda, najan mungkin aya sawatara unsurna anu sarua.

Dumasar kana hasil panitén anu karék salalar, mémang aya unsur anu sarua antara anu nyampak dina budaya Sunda jeung dina ajaran Islam téh. Jigana henteu ngan jeung Sunda wungkul ayana unsur dina Islam anu sarua téh. Kitu deui henteu jeung Islam wungkul ayana unsur dina Sunda anu sarua téh. Éta mah bakal sarua waé tur sipatna universal. Paling-paling anu béda téh dina inténsitas atawa widang-widangna.

Ayana unsur anu sarua antara anu nyampak dina Sunda jeung dina Islam téh bakal kapanggih lamun urang maca sawatara naskah Sunda kuno titinggal sakitu abad ka tukang, upamana waé Sanghiyang Siksakandang Karesian (SSK) anu titimangsa ditulisna taun 1518 Maséhi. Anu diébréhkeun dina éta naskah téh gedé kamungkinan lain saukur kanyataan anu nyampak dina mangsana éta naskah ditulis, tapi geus aya ti jaman saméméhna, sakitu ratus taun ka tukang.

Sumber tinulis dina Sunda mémang teu loba. Béda jeung mun urang rék neuleuman sumber tinulis dina Islam. Naskah Sunda mah bisa diitung ku ramo, bari tacan tangtu dipikawanoh ku sakur urang Sunda deuih, komo mun tepi ka dibaraca jeung diulik eusina.

Naon ari anu dimaksud Islam, jeung kumaha ari ngalaksanakeunana dina kahirupan sapopoé, éta mah sumberna pokona geus jelas, nyaéta anu nyampak dina Quran jeung hadis. Tapsir kana éta dua sumber poko téh ngagelarkeun rupa-rupa kaol ulama, ti mimiti nu digolongkeun jaman klasik tepi ka jaman modéren. Ana kitu, anu bisa dijieun sumber rujukan dina Islam mah loba. Ari anu bisa dijieun rujukan pikeun maluruh budaya Sunda—hususon jaman baheula, heueuh, apan teu loba.

Najan sumber rujukanana teu loba, tapi urang bakal bisa maluruh, naon baé unsur dina budaya Sunda anu dianggap sarua jeung anu nyampak dina ajaran Islam téh. Tangtu waé hésé maluruhna, naha unsur budaya nu nyampak dina naskah buhun téh asli Sunda, atawa mémang éta gé geus kacampuran ku unsur nu jolna ti luar.

Anu rada babari ngagoréhélna dina SSK nyaéta bagbagan kabiasaan sapopoé sajeroning urang Sunda ngalakonan kahirupan di alam dunya. Bisa jadi mun ceuk terminologi Islam mah dina widang muamalah. Tah, ieu mah aya (atawa boa loba) unsur anu sarua, antara Sunda jeung Islam téh, upamana waé kumaha kuduna hormat tilawat ka kolot, ngajénan guru, kawajiban diajar, miara hubungan jeung papada dina hirup kumbuh, papagon tingkah laku sangkan urang tepi kana tingkatan manusa mulya, jeung kumaha carana hubungan manusa jeung alam sabudeurna.

Jigana lebah dinya merenahna sesebutan “Sunda téh Islam”. Enya, sabab ajén-inajén anu nyampak di Sunda tétéla sarua nyampaknan jeung dina Islam, sanajan lebah rumusan kalimahna mah bisa waé béda. Anu matak, asupna Islam ka Sunda téh babari, henteu dina suasana rengkeng tur dibarung ku paksaan atawa ancaman. Kaasup deuih dina bagbagan tauhid gé aya unsur anu sarua, duméh dina kapercayaan Sunda pra Islam, anu disembah ku urang Sunda baheula téh Sanghyang Tunggal, nyaéta dat anu ngan sahiji.

Kekecapan “Sunda téh Islam” bisa dipatalikeun jeung kanyataan lianna deuih yén urang Sunda umumna ngagem Islam, leupas tina kualitas kaislamanana. Nya ku lantaran kitu, dina kahirupan sapopoéna, urang Sunda anu geus Islam téh umumna ngagunakeun ajén-inajén Islam, anu ka dituna antara Islam jeung Sunda téh teu bisa dipisahkeun. Nyaritakeun Sunda kiwari, pasti bakal nyabit-nyabit Islam, boh loba boh saeutik.

Manusa Sunda anu Islam, tangtu waé ti jaman ka jaman téh aya robahna. Robah di dieu bisa tumerap kana papahamanana, atawa dina pamolah sapopoéna, kaasup deuih dina ngalaksanakeun amal-amalan anu jadi babagian tina ibadah mahdoh (ibadah nu langsung ka Gusti Alloh, teu ngaliwatan amal jeung papada heula). Mémang kaharti, apan kahirupan urang Sunda téh terus mekar ngalegaan, sarta kaweruhna gé nambahan, utamana sanggeus beuki remen pagilinggisik jeung bangsa katut sélér bangsa séjén.

Kitu deui kaweruh jeung wawasanana ngeunaan Islam ogé beuki dieu téh beuki nambahan, sabab apan anu dibaca jeung diteuleumanana nambahan.

Islamna urang Sunda opat-lima abad ka tukang, tangtu loba géséhna mun dibandingkeun jeung Islamna urang Sunda abad ka-21. Baheula, urang Sunda ti kelompok masarakat  umum anu diajar Islam téh ukur sawates nu kapanggih atawa kapireng tina lingkungan anu heureut, da memang kaayaan jamanna kitu. Anu jadi puseurna nya pasantrén, tur jumlahna gé teu loba sarta patarenggang.

Ari ayeuna apan geus teu kitu. Kaweruh ngeunaan Islam bisa ditimba  tina rupa-rupa sumber, atawa langsung diajar di sungapanana, boh di Mekah boh di Madinah. Mémang, jaman baheula gé geus aya ari urang Sunda anu ngarulik élmu agama di Arab mah, disebutna ngamukim, tapi apan ukur sawatara urang waé.

Baheula, papahaman urang Sunda kana Islam téh beunang disebutkeun saules. Ku tambahna urang Sunda anu neuleuman Islam ngaliwatan rupa-rupa sumber, tangtu loba dampak positifna. Ari ayeuna geus rupa-rupa aliran atawa  idéologi anu jadi anutanana, anu tangtu waé mangaruhan kana paripolah jeung ketakna.

Tambahna jalma anu luhur élmu panemuna teu salawasna jadi jaminan kana ningkatna peradaban, nyaéta hiji kondisi kahirupan masyarakat anu jadi angen-angen jalma dina umumna. Kitu dina kahirupan ngalaksanakeun ajaran agama gé. Teu kurang-kurang anu dina émprona mah ngalantarankeun timbulna rupa-rupa barébédan dina hirup kumbuh. Sakitu puluh taun ka tukang, asa euweuh atawa langka di antara urang Sunda anu sa-Islam hég silih kapirkeun, misalna. Hirup bermasarakat téh asa tingtrim waé, sok sanajan mungkin dina lebah kualitas ibadahna mah dianggap handap (kénéh).

Kondisi anu ngalantarankeun timbulna papaséaan jigana lain salah élmu pangaweruhna, tapi hal éta mah nyoko kana égo atawa hawa napsu anu ngancik dina diri manusa: napsu hayang katangar, napsu hayang kawasa, napsu asa pangbenerna, jeung sajabana anu ngamuara kana pacéngkadan—teu sawates dina omongan ahirna mah, da tepi ka urusan fisik.

Bisa jadi aya nu ngasongkeun hélah, apan panganut Islam di sungapanana gé kitu, sok paraséa. Malah apanan kituna téh ti jaman béh ditu kénéh, teu lila ti sanggeusna Kangjeng Nabi ngantunkeun. Mémang kitu ceuk dina sajarahna mah, tapi apan lain hartina kudu diconto. Kajadian kawas kitu mah sakadar pikeun eunteung waé.

Kaayaan di urang—ngarah teu lega teuing mah urang watesanan di lingkungan masarakat Sunda Islam, pacengkadan sok leuwih parna mun geus disponsoran ku kapentingan pulitik. Maksudna pulitik praktis pikeun nyangking kakawasaan, anu dina prakna sok ngaliwatan rupa-rupa cara. Tina kapentingan pulitik bisa waé ngarémbét kana papahaman. Atawa bisa dibalikkeun, tina papahaman lumpatna kana kapentingan pulitik. Apan sok aya kekecapan “silih mangpaatkeun” téa.

Dina hal ieu gé sarua waé, mun téa mah rék ditéangan pangkal panyababna, nu salah mah lain pulitikna atawa papahamananana, tapi manusana. Bédana papahaman, apan ceuk katangtuan dina ajaran Islam mah teu dianggap anéh, malah disebutna gé jadi rahmat.  Tapi tangtu waé hal éta téh bakal gumantung kana ngaminij (ngokolakeun atawa matéahkeun) bédana papahaman.

Sakumaha ceuk nu biasa remen ditabeuh, cenah ajén-inajén Sunda téh mentingkeun karépéh-rapihan atawa kaharmonisan dina hubungan jeung papada.

Ajaran Islam gé kitu deuih. Apan kasauran Kangjeng Rosul ogé, “Saéstuna kami diutus téh pikeun nyampurnakeun ahlak.” Saenyana Sunda-Islam téh apan bisa diadu-maniskeun. Ébréhan tina hal éta téh anu utama mah apan karépéh-rapihan. Jadi, dina kondisi anu idéal mah, tambahna élmu-panemu téh kudu leuwih ningkatkeun martabat kamanusaan. Ngan nya kitu téa, dina ahirna mah bakal mulang deui ka unsur manusana.*

*H.Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas