Kolom Sosial Politik

Seurpleus Ijazah Doktor

0

 

Ku: Ridhazia

NALIKA  nyarita dina acara Public Lecture Series 002 di Embung Giwangan, Rocky Gerung, paniten politik, nyebutkeun yén Indonesia keur ngalaman surplus ijazah, tapi defisit ajén (value).

Ceuk anjeunna, loba lulusan paguron luhur tingkat strata tilu (S3) anu teu miboga aksés kana nagara lantaran geus teu kacekel deui ku sistem anu aya.

Singgetna, nagara geus teu mampuh deui nyayagikeun rohangan pikeun pikiran jeung kacerdasan akademik anu miboga kualifikasi doktor.

“Struktur teknokratis urang leuwih loba dikawasa ku para dealer kakawasaan, lain ku leader kakawasaan,” ceuk Rocky dina éta acara anu disiarkeun sacara daring ngaliwatan akun YouTube Pandu Negeri, sakumaha dikutip Senén (18/2/2026).

Vérsi BPS

Badan Pusat Statistik (BPS) ogé ngalaporkeun, jumlah pangangguran di Indonesia nepi ka bulan Nopémber 2025 ngahontal 7,35 juta jiwa. Sahenteuna 5,25 persén di antarana mangrupa lulusan paguron luhur.

Dumasar kana laporan Lembaga Penyelidikan Ekonomi dan Masyarakat Fakultas Ekonomi dan Bisnis Universitas Indonesia (LPEM FEB UI) di ahir taun 2025, lulusan sarjana kaasup kana kelompok anu putus harepan dina néangan pagawéan.

Jumlah kelompok terdidik lulusan paguron luhur ngahontal 45 rébu lulusan S1 jeung 6 rébu lulusan pascasarjana, boh magister boh doktor.*

  *Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten pasikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.