Ku: Ridhazia
WATEK politik komando nuduhkeun kana sistem pamaréntahan atawa gaya kapamingpinan anu sipatna terpusat jeung hirarkis.
Kaputusan dicokot ti luhur (top-down) sarta wajib dilaksanakeun ku bawahan tanpa bantahan. Sakabehna kudu tunduk sapinuhna tanpa alesan.
Sarupa jeung Militer
Sistem politik komando sarupa jeung sistem komando militér, mangsa parentah ti komandan pangluhurna (top-down) jadi hiji-hijina puseur arah, nepi ka ngaleungitkeun inisiatif individu.
Sanajan henteu sapinuhna represif jeung otoriter, tapi atmosfir éta karasa, lantaran sang komandan leuwih ngautamakeun tujuan tibatan kabébasan inisiatif.
Militerisasi jabatan sipil mindeng jadi ciri utama politik komando. Pergantian jabatan sipil ku militér aktif atawa purnawirawan dilakukeun pikeun ngagampangkeun ranté komando.
Dekorasi Démokrasi
Démokrasi jadi kawates. Ayana ukur saukur jadi hiasan pikeun nandaan yén sistem politik perwakilan kénéh aya, sanajan ngan sakadar formalitas.
Padahal dina kanyataanana teu aya rohangan pikeun kabébasan sipil, kontrol publik kahambat, sarta partisipasi masarakat mindeng karasa dipaksakeun.
Kadalikeun Ékonomi
Dina sistem ieu, pamaréntah pusat nyekel kadali pinuh kana ékonomi. Nagara nangtukeun naon anu kudu diproduksi, kumaha cara ngahasilkeunana, sarta pikeun saha éta barang diproduksi.
Kalayan kecap séjén, mékanisme pasar anu dumasar kana paménta jeung panawaran teu lumaku.*
*Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments