BAHASAN

Cecendet Bisa Jadi Ubar Diabetes

0

Ku: H. Tatang Sumarsono

SundaNews (30/1/2026). Sajaba ti paribasa “cécéndét mandé kiara”, aya deuih kekecapan “ditegal-cécéndétkeun”, anu maksudna imah atawa lembur dihuru atawa diduruk tepi ka béak jadi lebu. Biasana dina urut diduruk téh engkéna sok loba tangkal cécéndét, jol-jol breng wé jaradi. Éta lahan urut diduruk téh sok salin jinis jadi tegal cécéndét. Anu matak aya kekecapan ditegal-cécéndétkeun. Ieu kekecapan téh reme kadéngé dina jaman mahabuna gorombolan. “Pokona lamun teu nyokong, ieu lembur ku déwék rék ditegal-cécéndétkeun!”

Cécéndét gé kaasup tutuwuhan perdu. Enya, kawas haréndong, jadina dina taneuh téh kana satengah méteran. Bédana téh ari tangkal cécéndét mah leuwih uduh, ari tangkal haréndong rada liat.

Matak resep nempo buah cécéndét anu geus asak mah, warna konéng kolot rék deukeut ka oranyeu. Rasana gé amis deuih.

Tangkal cécéndét ogé mimindengna sok aya di tegalan. Lian ti éta dina galengan deuih, biasana dina sisina anu adék kana kotakan sawah. Sakapeung-kapeungeun, di buruan gé sok aya nu jadi.

Lain meunang melak, da sok jaradi sorangan. Ngan ka dieunakeun, cécéndét téh sok ngahaja dipelak, malah sok aya anu ngajualan binihna.

Rada béda ti haréndong, kelir daun cécéndét mah hejo ngora, bari leuwih leuleus deuih. Tapi ari buahna mah leuwih gedé batan haréndong. Bentukna buleud, gedéna kira-kira saukuran jeung kérsen.

Buah cécéndét mah dibungkus ku kalokop ti keur pentilna kénéh ogé, warnana héjo.

Ceuk hasil panalungtikan, ti mimiti akar, daun, nepi ka buahna, cenah alus pisan pikeun kaséhatan awak urang. Tangkal cécéndét téh di antarana baé bisa jadi ubar kencing manis atawa diabétes, darah tinggi, koléstérol, asam urat, jeung kasakit kulit. Lian ti éta, dina cécéndét téh ngandung vitamin C jeung antioksidan anu aya pangaruhna pikeun miara kulit sangkan jadi lemes jeung katempo leuwih ngora.

Daun cécéndét ngandung asam klorogenat. Kulit buahna ngandung C27H44O-H2O1, jeung di jero buahna aya siki nu ngandung elaidic acid. Éta téh mangpaatna pikeun nyegah heung ngubaran nyeri tikoro, batuk, gondongeun, bisul, jeung kencing manis.

Lamun rék dipaké ubar bisul, daun cécéndét kira-kira sakeupeul lobana, pékdikumbah terus dirieus nepi ka lembut. Sanggeus kitu, terus tapelkeun kana sakuriling bisul, bari polongoan saeutik anu lebah mata bisulna ku cara disuat.

Ari pikeun ubar kencing manis mah, gagang atawa tangkal cécéndét, lobana kira-kira sakeupeul, kudu digodog ku tilu gelas cai, tepi ka engkéna jadi dua gelas. Geus tiis, karék diinum sapoé dua kali, isuk-isuk jeung ari rék saré.

Ngan nya kitu, godogan cécéndét téh rasana pait, béda jeung buahna anu geus asak, nya amis nya seungit.*

* H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in BAHASAN