Kolom Mahasiswa

Tren Barang Urut

0

 

Ku: Palah Suwandi

TREN  thrifting alias barang urut (barang bekas)  ayeuna siga dua sisi mata, hiji pikeun gaya hirup, hiji deui pikeun sumber panghasilan. Dina jaman harga sandang nu terus naék, para pemuda jeung kelas pekerja ngalih ka baju bekas, tapi teu kabéh baju éta asalna légal. Purbaya Yudhi Sadéwa, Menteri Keuangan, nyatet yén loba barang thrifting nu asalna ilégal, jeung manéhna teu asa-asa pikeun ngeureunkeun jalur impor nu teu patuh aturan.

Tapi urang gé kudu beunta, yén loba pedagang thrifting téh usaha rakyat. Teu siga toko gedé, maranéhna dagang di kios leutik, di gang, atawa sabalikna siga dina pasar tradisional. Sababaraha di antara maranéhna nyambungkeun usaha jeung kabutuhan sapopoé. Jadi, lamun diganjar sakaligus, ancamana lain ukur soal dagang, tapi ogé soal kahirupan.

Pamaréntah ogé boga alesan yén impor baju urut  ilégal téh bisa ngarugikeun pabrik lokal. Tékstil di nagara urang butuh protéksi, sabab baraya padamel nu keur nyanghareupan krisis. Purbaya teu ngawates wungkul supados aman, tapi ogé pikeun nyalametkeun industri doméstik.

Tapi solusi saukur “dilarang” téh teu cukup pikeun kabéh padagang. Sababaraha diantara maranéhna siap légalisasi thrifting ieu, tapi pikeun padagang leutik, modal hirupna leutik, margin na tipis. Maranéhna moal gampang ngeusian modal anyar atawa ngarobah total modél usaha.

Ku kituna, koncina pamaréntah kudu muka ruang dialog, sabab éta hal nu paling penting. Padagang jeung pamaréntah henteu kudu silih adu karep. Kudu aya ruang ngobrol nu jujur jeung terbuka, kumaha pamaréntah bisa ngatur, jeung kumaha padagang bisa terus hirup tanpa sieun diudag ku aturan. Sabab nu dipikabutuh téh aturan jeung solusi nu réalistis.

Thrifting teu bisa urang tingali tina saukur minangka “barang urut”, ayeuna mah geus jadi bagian tina réalitas sosial, antara harga sandang nu beuki mahal, industri lokal nu butuh perhatian, jeung pedagang nu hayang tetep hirup. Lamun diatur kalawan adil, thrifting bisa jadi jambatan antara budaya praktis jeung ékonomi warga.

Dina tungtungna, pamaréntah kudu hadir salaku pelindung, lain salaku nu ngahukum. Urang  sarua hayang pasar nu bérés, industri lokal nu hirup, tapi ogé warga nu tetep konsistén boga panghasilan. Jalan tengahna pasti aya, tinggal kumaha aya niat atawa henteu urang néanganana. *

* Palah Suwandi, mahasiswa Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar nyanghareupan seminar proposal pikeun panalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.