Kolom Mahasiswa

Edukasi Melek Digital

0

 

Ku: Wiwi Widianti

KAMEKARAN téknologi digital kiwari geus ngarobah rupa-rupa aspék kahirupan urang, ti cara komunikasi nepi ka cara diajar jeung digawé. Dina mangsa robah gancang saperti ayeuna, melek digital jadi kamampuh dasar anu penting pisan. Tanpa pamahaman anu cukup, urang gampang kabawa ku arus informasi anu teu tangtu benerna.

Melek digital henteu saukur kamampuh ngagunakeun smartphone, laptop, atawa aplikasi popúler. Kamampuh ieu ngawengku cara mikir kritis, nalungtik informasi, sarta ngarti  kumaha platform digital jalan. Jalma anu melek digital moal gampang kabohongan ku kontén anu salah atawa dipalsukan.

Kiwari, informasi sumebar kalayan kacida gancangna. Unggal detik aya warta anyar anu muncul di média sosial atawa platform béja. Tapi gancangna sebaran ieu mindeng henteu dibarengan ku kualitas informasi. Hoaks jeung disinformasi terus bermunculan, nepi ka ngabahayakeun kapercayaan publik. Ieu nu jadi bukti yén melek digital téh krusial.

Sanajan loba tantangan, téknologi ogé nawarkeun rupa-rupa kasempetan pikeun urang bisa maju. Lamun melek digitalna alus, urang bisa ngamangpaatkeun internet pikeun bisnis, pendidikan, usaha kreatif, nepi ka gawé jarak jauh. Ruang digital bisa jadi tempat pikeun ngamekarkeun diri, henteu ngan ukur hiburan.

Tapi henteu kabéh masarakat miboga aksés jeung pamahaman anu sarua. Masih loba golongan anu teu wawuh kana kaamanan digital, étika bermédia sosial, atawa privasi data. Jurang digital ieu bisa nyieun béda anu gedé dina pamahaman jeung cara masarakat ngagunakeun téknologi.

Ku kituna, pendidikan ngeunaan melek digital kudu terus digiatkeun. Sakola, kampus, komunitas lokal, nepi ka lembaga informal bisa jadi wadah pikeun ngawanohkeun dasar-dasar literasi digital. Cara mariksa kabeneran béja, ngarti algoritma, jeung ngajaga jejak digital kedah dijadikeun materi utama.

Melek digital mangrupakeun bekel pikeun hirup di jaman téknologi anu terus robah. Kalayan pamahaman anu terus robah. Kalayan pamahaman anu cukup, urang bisa ngamangpaatkeun téknologi kalayan wijaksana, aman, sarta produktif. Téknologi bakal terus maju, tapi kamampuh urang pikeun mikir kritis jeung make digital sacara bener bakal jadi kuncina.*

 * Wisi Widianti, mahasiswa Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati nu mikaresep pasualan nu pakait jeung teknologis arta media digital, nganjrek di Kota Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.