Ku: Dewi Qurrotul Aini
PULO Sumatera keur nyanghareupan kaayaan darurat sanggeus rentetan bencana hidrometeorologi anu parna akibat hujan ekstrim, nepi ka nyababkeun banjir bandang jeung longsor anu nyerang sababaraha provinsi sakaligus, di antarana Aceh, Sumatera Utara, jeung Sumatera Barat.
Dumasar kana data panganyarna ti Badan Nasional Penanggulangan Bencana (BNPB), ratusan warga jadi korban jiwa jeung loba deui nu kénéh can kapanggih. Kaayaan ieu nandakeun krisis kamanusaan anu gedé pisan. Fokus pananganan ayeuna lain ukur kana evakuasi, tapi ogé kana dampak ékonomi jeung sosial anu sumebar nepi ka luar pulo.
Karuksakan material nu ditimbulkeun kacida gedéna. Di Sumatera Barat wungkul, dumasar taksiran BPBD per 27 November 2025, karugian geus ngahontal Rp6,53 milyar. Karuksakan infrastruktur jadi nyumbang angka panggedéna.
Salah sahiji lokasi paling krusial nyaéta Lembah Anai di Kabupaten Tanah Datar, anu jadi jalur strategis panghubung Padang–Bukittinggi. Putusna aksés ieu ngahambat distribusi logistik, boh bahan kadaharan boh bahan bakar, nu ahirna ngabalukarkeun gejolak harga di pasar.
Dampak ékonomi pangkarasa sacara nasional nyaéta naikna harga pangan. Komoditas cabé beureum ngalaman lonjakan harga anu kacida ekstrimna lantaran ranté pasokan ti sentra produksi di Sumatera pegat total.
Di Kota Medan, Sumatera Utara, harga cabé beureum dilaporkeun ngaronjat nepi ka Rp100.000 per kilogram. Sedengkeun di Pekanbaru, Riau, hargana sempet nembus Rp130.000 per kilogram. Ahli ékonomi nyebut pasokan cabé di Sumatera Utara diperkirakeun turun nepi ka 50 persen, saperti dilaporkeun dina wawancara jeung jurnalis CNN Indonesia tanggal 30 November 2025.
Salian ti masalah harga, krisis sosial di lokasi bencana beuki jero. Kabupaten Agam di Sumatera Barat jadi wilayah kalawan jumlah korban panglobana. Nepi ka 30 November 2025, total korban maot di sakuliah Sumatera Barat ngahontal 129 jiwa, sarta puluhan deui masih kénéh dina proses panyarian, nurutkeun data BPBD Sumbar. Ribu-ribu warga kapaksa ngungsi ka posko darurat jeung butuh bantuan logistik, cai bersih, palayanan kasehatan, jeung konseling trauma.
Fenomena alam ekstrim ieu, nurutkeun para ahli, lain saukur kusabab faktor cuaca. Ketua Program Studi Meteorologi ITB, Dr. Muhammad Rais Abdillah, S.Si., M.Sc., nerangkeun yén hujan ekstrim anu ngahontal leuwih ti 150 milimeter dipararah ku karuksakan lingkungan.
Pernyataan ieu sajalan jeung desakan Kepala Badan Pengaturan (BP) BUMN, Dony Oskaria, anu miharep sangkan Kapolda di wilayah terdampak ngusut tuntas prakték pembalakan liar (illegal logging). Soalnya, loba pisan material kayu anu kabawa ku arus banjir, nu nguatkeun dugaan yén 99% karuksakan leuweung disababkeun ku ulah manusa.
Pamaréntah daerah jeung pusat ayeuna terus usaha mulangkeun kaayaan. Saski aksés masih kaputus, Pamaréntah Provinsi Sumatera Barat komitmen pikeun ngawangun jalan darurat di Lembah Anai dina waktu dua minggu pikeun mulangkeun distribusi logistik.
Sedengkeun pikeun distabilisasi harga, pamaréntah Riau jeung Kepulauan Riau geus mimiti koordinasi pikeun ngadatangkeun stok cabé beureum ti luar pulo, utamana ti Jawa Tengah jeung Jawa Timur, pikeun ngeusian kakosongan pasokan di Sumatera.
Ayeuna perhatian nu utama nyaéta mitigasi jangka panjang. Musibah ieu jadi pangeling-eling daria yén penataan ruang kudu berbasis mitigasi bencana, jeung deforestasi kudu diteken saheulaanan. Tanpa léngkah tegas pikeun mulangkeun lingkungan jeung ngalaksanakeun tata ruang anu nganut kana fungsi ékosistem, ancaman karugian sosial jeung ékonomi akibat bencana hidrometeorologi diduga bakal terus kajadian jeung beuki parah.*
*Dewi Qurrotul Aini, mahasiswa Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar nyanghareupan seminar proposal pikeun panalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments