Ku: Yulis Soliani
CUACA ékstrim dina sababaraha minggu ka tukang karasa pisan di Bandung. Suhu anu biasana tiis ayeuna naék jadi panas nepi ka oba warga ngarasa teu ngarareunah. Fenomena ieu lain ngan ukur parobahan cuaca musiman, tapi bagian tina krisis iklim anu beuki karasa dina kahirupan sapopoé. Naha urang geus siap nyanghareupanana?
Di unggal juru kota, humandeuar ngeunaan panas terus nyingkab. Sanajan kitu, kahirupan kudu jalan terus: mahasiswa tetep kuliah, pagawé tetep indit pagawean, jeung padagang tetep kudu ngajual dagangan dina kaayaan panas kacida. Bandung anu sok disebut “kota tiis” ayeuna geus teu karasa tiisna.
Sanajan lobanu humandeuar, cuaca ékstrim ieu henteu ngan nyanghareupan sisi négatif. Di tengah panas anu nyerenteng, aya warga anu meunang kasempetan anyar. Padagang és, inuman séger, jeung buah tiis meunang paningkatan pamésér. Antrean és kalapa ngora atawa és cendol sok kapanggih di sababaraha kecamatan unggal soré.
Tapi parobahan pola konsumsi ieu teu otomatis ngaleungitkeun résiko kaséhatan. Loba warga ngarasa leuwih gancang cape, dehidrasi, nepi ka hésé saré alatan suhu peuting anu tetep panas. Hanjakalna, kasadaran pikeun ngajaga kaséhatan dina cuaca ékstrim masih can nyerep ka sakumna lapisan masyarakat. Sababaraha warga milih “kumaha engké” tinimbang nyiapkeun diri.
Pamaréntah daerah geus ngaluarkeun imbauan ngeunaan cuaca panas, ti mimiti maké baju anu leuwih enteng nepi ka pentingna nginum cai cukup. Tapi henteu edukasi anu leuwih jero jeung konsistén, imbauan téh kadang jadi warta hungkul, lain kabiasaan. Padahal krisis iklim lain isu samentara, tapi tantangan jangka panjang.
Cuaca ékstrim di Bandung kudu jadi alarm pikeun sakumna pihak. Henteu ngan pamaréntah atawa ahli cuaca, tapi ogé warga anu unggal poé ngarasakeun akibatna. Adaptasi kudu dilakukeun bareng-bareng, dimimitian tina kabiasaan basajan nepi ka kawijakan anu leuwih serius. Urang teu bisa ngan ngadagoan cuaca balik “normal”, sabab normal ayeuna geus robah.
Akhirna, cuaca panas ieu nétélakeun yén Bandung teu bisa ngan ngandelkeun katangtuanna iklim tiis. Urang butuh kasadaran anyar, kabiasaan anyar, jeung solidaritas anyar pikeun nyanghareupan iklim anu beuki teu pasti. Mun parobahan geus teu bisa dicegah, adaptasi jadi hiji-hijina cara.*
*Yulis Soliani, mahasiswa Prodi Ilmu Jurnalistik UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar seminar proposal pikeun panalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments