Ku: Yusuf Widianto
KANAKALAN rumaja sok dianggap bagian tina prosés néangan jati diri. Loba nu mikir yén ngalanggar aturan, nyobaan hal-hal anu ngabahayakeun, atawa milu kana lampah négatif téh hal anu lumrah dina umur ngora. Padahal, anggapan kitu bisa jadi jebakan anu ngabalukarkeun cilaka. Generasi Z anu hirup dina jaman digital kudu sadar yén unggal lampah boga akibatna sorangan, boh pikeun diri pribadi boh pikeun mangsa ka hareup.
Ayeuna, dina média sosial, paripolah négatif téh malah sok jadi trending. Aya rumaja nu ngudag popularitas ku cara némbongkeun lampah nu teu pantes, ngan saukur hayang meunangkeun “like” jeung perhatian. Padahal, pamikiran sapertos kitu ngaluluguan kana kapentingan sesaat anu bisa ngarusak masa depan. Manehna bisa kaleungitan kapercayaan dirina sorangan jeung malah karuksakan nu leuwih parah.
Kanakalan saperti tawuran, narkoba, hubungan bebas, nepi ka kriminalitas lain ngan ukur ngalanggar norma jeung hukum, tapi ogé ngaruksak kaséhatan, mental, jeung masa depan saha waé nu kaserang ku éta. Sakali waé nyieun kasalahan nu gedé, bisa ngarobah jalanna kahirupan salamina. Akibatna, nu kapangaruhan sering kudu nanggung penyesalan anu panjang.
Lingkungan kulawarga jeung sakola boga peran penting dina nyegah kenakalan rumaja. Komunikasi anu kaku, kurangna perhatian, atawa kurang pangayoman bisa nyababkeun rumaja néangan panglipur di tempat anu salah. Dina kaayaan kitu, pangaruh goréng ti lingkungan luar bakal leuwih gampang asup. Ku sabab éta, dukungan moral jeung dialog anu leuwih terbuka penting jadi taméng utama pikeun rumaja.
Masa rumaja memang waktu nu pinuh ku émosi jeung rasa panasaran. Rumaja gampang kagoda ku hal-hal anu sigana “hébat” jeung “béda” tanpa mikir panjang. Ku kituna, penting pikeun rumaja miboga pangaweruh pikeun ngadalikeun diri jeung mikir kana konsekuensi jangka panjang. Nolak ajakan goréng lain tandana sieun, tapi tandana wani ngajaga diri jeung masa depan.
Generasi Z téh generasi anu pinuh ku poténsi: kreatif, adaptif, jeung maju dina aksés informasi. Tapi, poténsi éta bisa leungit lamun kabawa kana paripolah nu ngaruksak. Ngarahkeun diri kana prestasi, minat positif, jeung kegiatan anu ngawangun bakal leuwih ngabawa kana kamajuan anu nyata.
Tungtungna, kenakalan lain gaya hirup anu kudu dihormat. Masa depan moal ngalegaan ku ukur ngajajal bahaya, tapi ku milih jalan anu merenah pikeun ngawangun karakter jeung tanggung jawab. Generasi Z téh para pamimpin bangsa ka hareup. Ku sabab éta, jaga masa depan ti ayeuna saméméh sadayana kasirep ku kasalahan nu bisa dicegah.*
* Yusuf Widianto, mahasiswa Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, mikaresep pasualan nu pakait jeung kaum rumaja pakotaan, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments