Ku : Sinthia Rahmawati
FENOMENA sosial, ékonomi, jeung politik di Indonesia sok jadi bahan obrolan nu menarik sabab nuduhkeun gerakan parobahan dina kahirupan masarakat anu terus maju. Dina sababaraha dekade ka tukang, Indonesia ngalaman loba kamajuan dina rupa-rupa widang, sanajan teu salawasna maju kalayan sarua.
Globalisasi, urbanisasi, jeung digitalisasi jadi pendorong utama transformasi budaya jeung paripolah masarakat—utamana generasi muda nu leuwih gancang adaptasi kana téhnologi. Sanajan kitu, ajén budaya tradisional masih keneh hirup jeung pageuh, kayaning gotong royong, tata krama, jeung identitas budaya daerah nu terus dijaga tur hirup babarengan jeung arus modérnisasi.
Dina ranah sosial, masarakat Indonesia kiwari beuki terbuka kana isu keberagaman jeung kasetaraan, sanajan prosésna masih terus berkembang. Média sosial jadi ruang anyar pikeun diskusi publik, solidaritas, gerakan sosial, nepi ka tren budaya nu viral.
Tapi di sisi séjén, jagat digital ogé nyangking tantangan anyar saperti polarisasi opini, sebaran hoaks, jeung munculna budaya saling nyalahkeun di ruang publik. Konflik sosial jadi leuwih gampang sumebar kusabab laju informasi nu gancang tapi teu salawasna bisa dikontrol.
Sisi ékonomi ogé nunjukkeun robahan anu cukup gedé. Tumuwuhna kelas menengah jadi salah sahiji kakuatan ékonomi nasional. Gaya hirup modern mingkin katempo: belanja daring, nongkrong di café, traveling, jeung kabiasaan migunakeun rupa-rupa aplikasi digital.
Sanajan kitu, ketimpangan ékonomi can bisa diréngsékeun, utamana antara daerah urban jeung padesaan. Aksés kana atikan, pagawean, jeung téhnologi masih keneh henteu rata nei ka antukna nyiptakeun bédana kasempetan ekonomi.
Dina widang pulitik, masarakat beuki kritis jeung aktip ngawula sarta ngontrol jalanna pamaréntahan. Era réformasi nyiptakeun budaya démokrasi nu leuwih bruk brak (terbuka) dibandingkeun mangsa baheula. Ayeuna masarakat leuwih bébas ngebrehkeun pamadeganana, boh dina demonstrasi boh dina platform digital. Tapi pulitik identitas masih keneh sering dipaké salaku strategi pikeun meunang dukungan massa, nu kadang memicu ketegangan sosial jeung mangaruhan hubungan antarkelompok.
Budaya Indonesia nu beunghar ku keberagaman ogé maénkeun peran penting dina dinamika sosial, ékonomi, jeung politik. Tradisi, agama, jeung ajén lokal mindeng jadi bahan pertimbangan dina nyieun kaputusan boh dina tingkat pamaréntah boh dina kahirupan sosial.
Sanajan modérnisasi nawarkeun loba parobahan, loba kelompok masarakat anu masih keneh ngajaga adat salaku bagian penting tina identitas maranéhna. Skapeung, tarik-ulur antara tradisi jeung modérnitas jadi fenomena budaya nu menarik.
Téhnologi digital nu terus maju ogé ngarobah cara masarakat berinteraksi jeung nagara, ékonomi, jeung sasama. Atikan digital, pagawean berbasis platform online, jeung transaksi ékonomi lewat aplikasi ayeuna geus jadi bagian tina kahirupan sapopoé. Transformasi ieu nyiptakeun loba kasempetan anyar, tapi ogé mawa risiko jeung tantangan saperti eksploitasi tenaga kerja digital jeung gumantung teuing kana téhnologi.
Dina kasimpulanana, dinamika sosial, ékonomi, jeung politik di Indonesia gerak dina ruang budaya nu kompleks. Parobahan lumangsung lain ngan kusabab pangaruh global, tapi ogé kusabab cara masarakat Indonesia ngarakit deui identitas jeung ajén nu dipiboga. Tantangan ka hareup lain saukur kumaha adaptasi kana parobahan, tapi kumaha ngajaga kasaimbangan antara modérnisasi jeung budaya lokal nu jadi pondasi keberagaman nasional.
* Sinthia Rahmawati, mahasiswa Prodi Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, mikaresep pasualan sosial pulitik jeung budaya Indonesia, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments