Ku: Lista Amalia
SundaNews (12/9/2025). Mun aya nu nyebut geulis téh kudu bodas, écés éta mah henteu salawasna kitu. Sabab, geulis téh sifatna relatif. Kiwari ogé loba anu milih jalan alternatif ngaliwatan photoshoot pikeun mintonkeun kageulisanana.
Dina kahirupan sosial ayeuna, geus biasa lamun aya wanoja nu ngarasa teu percaya diri atawa jadi korban bullying jeung body shaming. Utamana lamun aya bagian awakna nu dijadikeun bahan olok-olokan ku batur, anu tungtungna ngabalukarkeun haténa luka jero.
Di Indonesia, standar kageulisan téh kacida luhurna. Ditambah deui ku pangaruh média sosial nu nyieun masarakat seolah-olah kudu berlomba némbongkeun kageulisan. Henteu saeutik anu tungtungna jadi insecure.
Beda jeung di nagara séjén, di Indonesia ukuran geulis téh kudu bodas, jangkung, langsing, sarta kudu nyumponan sagala rupa kriteria. Padahal écés ieu pamahaman téh salah, sabab Indonesia mibanda loba pisan suku jeung budaya, unggal daérah boga ukuran kageulisanana séwang-séwangan.
Teu eureun nepi ka dinya, dina dunya pagawean ogé sok aya lowongan nu menta kriteria “good looking”. Ieu jelas henteu adil. Sabab nu diperlukeun dina pagawean téh lain ukur rupa geulis, tapi ogé kaparigelan (skill). Mun ukur geulis tapi henteu mibanda kaahlian, naon gunana? Moal bisa mawa kamajuan perusahaan.
Zhianh ngécéskeun, “Urang salaku wanoja teu kudu ngarasa insecure. Sabab kageulisan hiji wanoja téh dipancarkeun ku inner beauty. Geulis téh lain ukur tina raray, tapi kumaha dirina sorangan. Kageulisan raray bisa leungit lamun geus sepuh, tapi geulisna haté jeung lampah bakal langgeng nepi ka ahir hirup.”
Ieu sarua jeung pesan dina lagu “Pelukku untuk Pelikmu” karya Fiersa Besari, yén “Kadang teu nanaon lamun teu hade-hade kénéh, urang téh ngan manusa, wajar lamun teu sampurna.” Hartina, teu nanaon lamun urang karasa teu hade-hade, karasa kuciwa, éléh, atawa gagal. Sadayana éta téh wajar pikeun manusa.
Wajar lamun sedih, kuciwa, atawa nyeri haté. Tapi ulah nepika tenggelam kana kasusah. Sababaraha hal kudu dihadap ku sabar bari ngantosan waktu nu leuwih saé, sabab sakapeung aya waktuna urang bakal karasa hade deui. Kahirupan teu kudu ngantosan nepi ka sagalana sampurna.
Sakumaha geulisna bangsa Indonesia nu mibanda rupa-rupa budaya, suku, jeung agama, sakitu ogé kageulisanana kudu dipikahormat. Ku kituna, hargaan sagala wanoja tanpa ngabédakeun. Di payuneun Gusti, sagalana sarua.
Inget, geulis téh teu kudu sampurna, sabab geulis téh rupa-rupa.*
* Lista Amalia, alumnus Prodi Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati nu keur ngakokolakeun usaha widang kuliner jeung pariwisata, nganjrek di Cicalengka, Kabupaten Bandung, Jawa Barat.































Comments