Kolom Sosial Politik

Urang Sunda Jadi Pahlawan

0

 

Ku: Ridhazia

Prof. Dr. Mochtar Kusumaatmadja, S.H., LL.M (1929–2021) mangrupa wujud akademisi urang Sunda anu jadi Pahlawan Nasional ka-15.

Pengabdianna salaku menteri dina mangsa Orde Baru jadi  salah sahiji alesanna lalaki kalahiran Batavia taun 1929 ieu dikukuhkeun jadi minangka Pahlawan Nasional ku Présidén Prabowo taun 2025.

Keturunan Wiradadaha

Ti pihak bapana, Mochtar Kusumaatmadja tétéla turunan Wiradadaha, Bupati Sukapura kahiji anu ayeuna jadi Kota/Kabupatén Tasikmalaya.

Wiradadaha kacatet dina sajarah jaman kolonial salaku Raden Tumenggung Wiradegdaha, gelar anu dipasihkeun ku Sultan Agung Mataram dina abad ka-16.

Sedengkeun ti pihak indung masih patali jeung pangadeg Pondok Pesantren Balerante Palimanan, Cirebon.

Dicopot Gelar Profesor

Mochtar Kusumaatmadja kungsi ngalaman dicabut gelar profesorna ku Présidén Soekarno sanggeus janten dosén di FH Unpad Bandung, sarta kungsi jadi Dékan Fakultas Hukum Unpad.

Alesanna lantaran ketajaman jeung kacepetan mikirna, ditambah kawani anjeunna ngkritik Manifesto Politik Soekarno. Anjeunna harita nyarios, “Nehru leuwih pangalaman tibatan Soekarno dina urusan politik luar negeri.” Sareng Soekarno ogé disebutna salaku “Sosialis musiman.”

Ayah Armida

Kapinteran Mochtar Kusumaatmadja salaku akademisi nurun ka putrina, nyaéta Prof. Dr. Armida Salsiah Alisjahbana, S.E., M.A.

Armida — saméméh nikah masih nambahan asal-usul Kusumaatmadja di tukangeun namina — kungsi ngajabat minangka Menteri Negara Perencanaan Pembangunan Nasional/Kepala Bappenas dina Kabinet Indonesia Bersatu II.

Tentara Pelajar

Nalika ngora, Mochtar kungsi jaadi bagian tina Tentara Pelajar (TP), nyaéta unit militér anu diwangun ku para pelajar jeung mahasiswa anu milu berjuang ngalawan penjajah. Dina taun 1948, TP diasupkeun kana Brigade 17 dina struktur Tentara Nasional Indonesia (TNI). *

    * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.