Ku: Kohar Rasyidin
Di tengah amparan pasawahan anu lega upluk-aplak, aya tetempoan anu teu aya papadana kaciri ti kajauhan. Awakna jeung beungutna kawas nu geus tutung kaduruk ku panonpoe. Tangtu geus katohyan, yen manehna lain saudagar jugala atawa inohong ti bojongrangkong.
Inyana saukur tukang ngangon munding. Unggal isuk rebun-rebun keneh geus nunungtun munding ti kandang di lemburna muru tegalan nu loba jukutna. Teu poho nyoren bodeg jeung nyekel tali pamecut minangka gantar panjang pikeun ngarahkkeun pungkal-pengkol ka mana arah jalan munding asuhanana. Sebut we Mang Arnasan.
Di sampalan anu ngemplok ku jukut ngagedod hejo, Arnasan ngimeutan sagorombolan munding kalayan pinuh ku sikep heman. Manehna nepi ka apal ciri, pasipatan jeung kabiasaan tiap-tiap munding anu diangonna. Apal pisan ka mana munding-munding asuhanana nu resep ulin ka walungan, anu sok resep ngiuhan, katut nu mana anu resep nyarumput di sisi leuweung.
Sihoreng kadeudeuh kanyaah Arnasan ka ingon-ingonna teh kacida badagna. Da eta we geuning, manehna nepi ka cohagna mah apal cangkem sagala pasipatan tingkah paripolah sakabeh munding asuhanana. Nu bageur wae aya. Nu goreng adat wae aya. Nu hayang diogo diperhatikeun dimandoian wae di walungan aya. Ah kumplit weh.
Munasabah mun Arnasan mipahing nguciwakeun kom0 ngagunasika nganyeyeri hate munding-mundingna mah. Manehna ijigimbrang hariweruswues mun aya hije weh mundingna nu teu katembong ti kaangganan dumeh nyumut ka leuwueung ngiuhan.
Sakapeung, malah meureun tayohna mah unggal poe, Arnasan sok ngahaleuang dipasieup ku sora sulingna nu halimpu, ngahiliwir kabawa angin. Enya cenah apan sato oge dina sababaraha hal mah teu beda jeung manusa. Aya mangsana rarieut sirah. Aya mangsana gering. Aya mangsana ancin horeang baranghakan. Aya oge mangsana hayang cumekblek di kandang da puguh usum ngijih hujan ngecrek ti isuk. Malah beh dituna mah, teuing kunaon, aya oge munding nu kawas keur pinuh ku kasedih.
Teu karasa wanci geus magrib, waktuna munding mulih pakandangan. Diitung heula imeut, naha munding sakabeh wueuh nu tinggaleun. Atuh memeh ninggalkeun kandang, Arnasan mastikeun heula parab jeung wadah cai tenpat nginum munding-mundingna geus sadia.
Ceuk Arbasan, ka munding piaran jeung asuhanana asa ka anak sorangan. Estuning nyaah pisan. Kajab ti kitu, apan pikeun Aranasan mah ngangon munding teh jadi pacabakan nu utama. Sumber kahirupan sapopoe. Ceuk cohagna mah lamun teu ngangon munding, nya dapur Bi Iteung pamajikanana moal ngebul. Barudak di imah kalaparan.
Mang Arnasan boga ajen nu luhur dina mangku kahirupan di lemburna. Enya apan kajaba miara munding kalayan daria pinuh ku ka nyaah, oge dina enas-enasna mah tara ngagadabah pakaya batur, kebon batur, leuweung batur. Arnasan hirup saimbang. Butuh ku alam tapi oge ngamumule alam. Ngajaga ingon-ingon sarua artina jeung ngajaga alam.
munding-mundingna cumpon ku jukut sareng cai anu cekap, tukang angon ngarawat mundingna pinuh ku ka nyaah, tukang angon sadar yén munding-mundingna mangrupikeun bagian tina kahirupan, sumber mata pencaharian, sareng sobatna anu satia.Tukang angon sosok jalma anu sederhana, tapi boga peran penting dina kahirupan masarakat Sunda. Anjeunna ngajaga alam, ngajaga ingon-ingon, nyumbang susu sareng daging pikeun kaperluan masarakat. Anjeunna pahlawan tanpa tanda jasa, anu kerja keras pikeun ngadukung kulawarga sareng masyarakat.
Ngeuntung tina kahirupan Arnasan jeung ajen-inajen nu dipiara dimumulena sapopoe, urang kota samodel urang, sawadina bisa metik hikmahna. Dijadikan sumber inspirasi jeung evaluasi diri. Boh tina perkara atawa bagbagan kumaha interaksi antara manusa jeung sato, boh bagbagan ajen-ajen kahirupan nu saestuna dijadikeun tuturus pikeun kahirupan urang sapopoe nu eyeub pisan ku godaan pacengkadan jeung pimamalaeun.
* Kohar Rasyidin, staf tanaga kapendidikan jeung mahasiswa S2 Komunikasi Penyiaran Islam (KPI) Pascasarjana UNI Sunan Gunung Djati Bandung, Jawa Barat.
Comments