Ku: Tatang Sumarsono
“Ayeuna urang ngadongéng ngeunaan sisit naga,” omong ki silah.
“Asa kakaraeun teuing, da ilaharna gé sisit kancra anu nyampak dina babasan mah,” uing ngahualkeun. “Ari sisit kancra téh hartina jalma anu alus milik, sabalikna tina sisit kadal. Ari sisit naga, naon?”
“Teuh, kaciri tinggaleun jamanna téh. Sisit naga téh jauh leuwih alus batan sisit kancra,” témbalna. “Yeuh, bisi tacan nyaho, ari sisit naga téh apan tina emas. Kasawang meureun ku énté, naga anu sakitu gedéna, sisitna tina emas, pisakumahaeun teuing lobana. Ngalencring, harérang. Pokona, anu kasebutna naga mah beurat beunghar, mun ceuk juru pantun mah kumaha wé ilaharna konglomerat ….”
“Tibalik! Konglomerat mah istilah ékonomi jaman kiwari. Babasan juru pantun jaman buhun mah tangtuna gé: beurat beunghar, réa ketan réa keton, bru di juru ngalayah di tengah imah,” ceuk uing.
“Heueuh lah, kitu. Pokona mah beunghar wé. Ku beunghar-beungharna, tepi ka naga téh boga kabiasaan anyar, nyaéta meulian guha.”
“Jih, naha keur naeun maké meulian guha sagala? Apan guha mah poék meredong. Naon pikabitaeunana ari guha?”
“Apan meureun pikeun panyumputan, atawa pikeun nyumput-nyumputkeun barang. Atawa boa rék digunakeun pikeun naon mah éta guha téh, atawa dirobah jadi tempat wisata.”
“Naha maké disumput-sumputkeun?”
“Euh, énté mah mani loba tatanya. Ari keur ngadéngékeun dongéng, déngékeun wé. Ulah hayang terus pacéntal-céntal.”
“Heueuh tuda, dongéng silaing mah matak jadi panasaran. Éta geura teu pupuguh, der maké ngadongéngkeun naga sagala. Yeuh, nu geus baku didongéngkeun mah di manana gé sakadang kuya jeung sakadang monyét.”
“Ah, atuh éta mah dongéng jaman tai kotok dilebuan, euy,” manéhna gancang némpas. “Arék dituluykeun, moal, dongéng naga téh?”
“Nya tuluykeun atuh,” témbal uing. Da jeung enyana, asa panasaran. “Tapi jawab heula pananya uing: naha mani bet beunghar-beunghar teuing naga téh?”
“Jéh, di mamana gé anu beunghar mah anu pinter usaha, da iraha teuing aya kabeungharan gubrag ti langit kitu waé. Manasina jaman baheula, kawas Nabi Sulaéman. Ayeuna mah mun hayang beunghar téh kudu pinter usaha heula. Ari ukur ngandelkeun buburuh, atawa jadi pagawé kékétrékan mah, hasilna ogé moal sabaraha. Cacak ukur mahi keur dahar gé geus kaasup untung. Mun hayang beunghar, nya kudu jadi pangusaha, jadi padagang. Mana komo mun kasebutna dagang hapé, dagang mobil, dagang saham, atawa importir mah ….”
“Dagang tanah deuih,” ceuk uing.
“Tah heueuh, dagang tanah, kaasup jeung dagang aparteménna,” manéhna gasik nyambung omongan uing. “Pokona mah, mun jadi pangusaha, kudu apal heula kana jurus-jurusna. Jeung kudu ngabalad deuih.”
“Jih, ning béda jeung urang Sunda, nya.”
“Naha kumaha kitu?”
“Enya, apan ari ceuk papagon karuhun urang mah, ulah nyaba sasamayan ulah dagang papatungan. Jadi mun rék dagang téh ulah berkongsi, ulah mawa batur, tapi kudu nyorangan. Mun untung keur sorangan, dina rugina ogé bakal ditangkes ku sorangan. Pokona mah kudu sagala ku sorangan.”
“Heueuh, nu matak hésé majuna, da teu boga kakuatan, teu bisa nyieun jaringan, teu bisa ngawasa pasar. Dagang sosoranganan mah paling ogé ukur ngawarung, anu dina sakalina tiiseun téh, geus waé eureun. Atuh dina alus milikna, éta ogé aya anu bisa manjang, tapi da teu ngabeukahan. Tatangga sayah gé aya anu dagang céndol, cenah geus aya kana tilu puluh taunna, angger wé ngan sakitu-kituna. Minangka undakna téh, baheula ditanggung, ayeuna dirodaan.”
“Bari pamaréntah bangun teu mihak ka padagang leutik kawas kitu mah, nya? Atawa dina ayana gé perhatian ti pamaréntah, ukur tamba henteu teuing, ukur jadi ubar puruluk.”
“Geus ah, tong nyaritakeun pamaréntah, bisi aya anu ngalaporkeun geura,” ki silah gancang ngahuit. “Apan urang téh keur ngadongéngkeun naga, lin?”
“Heueuh,naga anu sisitna emas ngalencring ….”
“Bari ramona anu raranggoas geus ngaranggeum ka ditu, ka dieu. Taya anu diiwalkeun, taya anu disésakeun, da sagala rupa ogé geus aya dina ranggeumanana.”
“Terus kumaha?”
“Tah, cenah ayeuna mah naga téh tambah ngalabring.”
“Angger deuih di dieuna bari mareulian guha?”
“Lain guha wungkul, tapi deuih bari ngabajongan pulo, hususna hasil réklamasi, sakalian jeung lautna deuih,” témbalna.*
Comments