Ku: Ridhazia
Presiden Donald J. Trump mingpin deui Amérika Sarikat. Lalaki buuk pirang éta jadi Présidén AS ka-47 dimimitian Senén (20/1/2025). Trump ngahudangkeun deui gaya politikus preman nu sok nyebarkeun kasieun ka balarea, boh ka rahayat di nagarana sorangan boh deui ka para pamingpin di dunya. Boh para pamingpun nagara-nagar sekutu samodel Inggris Perancis Jerman, boleh musuh bubuyutanana nya eta Rusia.
Retorika Ngahasut
Masarakat dunya surti yén retorika Donald Trump condong ngahasut. Ieu ngabédakeun jinisna jeung tina présidén AS séjén nu leuwih diplomatis.
Di luar harepan, Prisiden Trump kalayan tegas baris nyokot peran salaku diktator munggaran Amérika.
Manuver politik Trump kawilang “panas” nalika manehna ngancam bakal ngajegal gencatan senjata antara Israél-Hamas nu kakara dimimitian 19 Januari 2025.
Ku nada nu kasar, Trump ogé baris ngusir mahasiswa asing nu kalibet dina démonstrasi “Jihadisme” anu ngabéla Paléstina di Amérika Sarikat.
Psikotik
Aya dugaan yén éta Présidén kasangka ngalaman gangguan psikologis. Anjeunna “leuwih ti sakadar hiji manusa”.
Salian ti calakan maénkeun peran protagonis khas Trumpian, manehna ogé jadi demagog anti-demokrasi. Jeung deuih jadi jalma anu “sami sakali henteu boga tata krama politik”.
McAdams, saurang profésor di Sakola Atikan jeung Kawijakan Sosial Universitas Northwestern, dina bukuna “The Strange Case of Donald J. Trump: A Psychological Reckoning” (2020) ngaidentifikasi yén Trump kaasup malawading dibanding présidén AS séjénna.
Mitologi
Trump bakal tetep hirup dina implengan (memori) ratusan warga Amérika. Dikenal salaku tokoh liminal anu luar biasa. Malahan dipersonifikasikeun minangka manusa mitologi. Tokoh anu jauh leuwih ti saukur manusa biasa. Teuing jelema nanahaon atuh kaasupna teh. Nu puguh mah mahiwal, malawading, sasangkleng, jeung tei kaop ngawur-ngawur teror. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psiologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments