Ku: Ridhazia
SundaNews (2-12-2024). Ngaliwatan bukuna 21 Pelajaran Pikeun Abad ka-21, Yuval Noah Harari ngaduga aya tilu ancaman anu boga kamungkinan bakal ngaruksak bumi nu dicicingan ku urang di alam dunya.
Naon wae?
Tilu ancaman anu dimaksud ku sejarawan peradaban manusa ieu nyaéta: perang nuklir, karuntuhan ékologi, jeung disrupsi téknologi.
Ti antara tilu ancaman éta, anu pangmautna nyaéta disrupsi téknologi, utamana algoritma jeung artificial ntelligence (AI) alias mesin kecerdasan buatan.
Lamun salila ieu téknologi ngabantu manusia pikeun ngagampangkeun pagawean, engkéna téknologi bisa pangganti kalolobaan peran manusa.
Manusa kiwari geus dikawasa ku Google, haté manusa dikawasa ku algoritma YouTube jeung Instagram.
Malah, kahayang, dorongan, jeung hasrat manusa geus dipangaruhan ku marketplace online saperti Amazon, Lazada, Alibaba.
Dina nyieun kaputusan, manusa ogé geus dikawasa ku algoritma, contona ngagunakeun Google Maps salila perjalanan.
Panggihan Diri Sorangan!
Palajaran panungtung tina narasi pinter ti ilmuwan asal Israél kieu cenah: “Pikeun bisa nuturkeun kamajuan dunya anu gancang, urang sakabeh teu ngan ukur kudu nyiptakeun ideu anyar. Anu paling penting nyaéta manggihan deui diri anjeun sorangan sacara terus-terusan.” *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosil pulitik, dumuk di Bandung, Jawa Barat.
Comments