Ku: Ridhazia
TIKTOK geus jadi platform populér pikeun ngabagikeun video kréatif, kaasup ogé siaran langsung (live streaming) di sakuliah dunya.
Nanging, husus di Indonésia ti poe ayeuna, Jumaah 3 Oktober 2025, masarakat teu bisa deui ningali siaran langsung tina Tiktok.
Médsos asal nagara Tirai Bambu Cina éta dibekukeun ku pamaréntah Prabowo Subianto. Sanajan kitu, aplikasi Tiktok masih bisa diaksés ku para pangguna.
Judi Online jeung Jejak Politik
Kunaon éta bisa kajadian? Sihoreng Tiktok dianggap geus ngalanggar hukum nagara Indonésia lantaran diduga ngalakukeun monetisasi tina kagiatan siaran langsung (live) tina akun-akun anu katarajang kagiatan judi online.
Pamaréntah geus ngalebetkeun pamundut data nu ngawengku informasi lalulintas (traffic), kagiatan siaran langsung, ogé data monetisasi kaasup jumlah jeung nilai kado (gift) anu dipasihkeun.
Sanksi sarupa ka Tiktok dijatukeun pamaréntah lantaran nolak masrahkeun data lengkep ngeunaan kagiatan dina periode 25–30 Agustus 2025, nyaéta waktu lumangsungna gejolak sosial-politik di sababaraha kota gedé di Tanah Air.
Pangheulana di Dunya
Dina rupa-rupa kajadian sosial jeung politik di nagri ieu, Tiktok sok pangheulana dina ngalaporkeun béja, nepi ka ngageser platform médsos séjén, komo televisi publik.
Diluncurkeun taun 2016 ku Zhang Yiming, nu ogé ngadegkeun pausahaan indukna ByteDance di Cina, Tiktok anu mimitina ukur lokal ayeuna jadi médsos pangheulana di dunya sarta ngarobah loba hal.
Aplikasi ieu disokong ku milyaran jalma di sakuliah dunya lantaran mibanda algoritma canggih pikeun nyaluyukeun eusi (personalisasi kontén), utamana dina siaran langsung. Sajaba ti éta, fitur-fiturna gampang dipaké pikeun nyieun kontén viral jeung ékspresi diri.
Teu kahalangan lamun publik Indonésia mibanda jumlah pangguna Tiktok panglobana di dunya. Nepi ka Juli 2025, jumlah pangguna Tiktok di Indonésia ngahontal 194,37 juta jalma.
Jumlah éta ngajadikeun Indonésia salaku nagara kalawan pangguna Tiktok panglobana di dunya, nurutkeun laporan We Are Social jeung Meltwater.
Diblokir Amérika jeung Afrika
Présidén Amérika Sarikat Donald Trump geus kungsi ngeureunkeun (blokir) Tiktok kalayan alesan kaamanan nasional.
Hal sarupa ogé dipigawé ku India, Afganistan, Sinegal, Uzbekistan, Somalia, jeung Albania kalayan alesan séwang-séwangan.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, panien psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments