Ku: Ridhazia
PERANG AS–Israel ngalawan Iran can nunjukkeun tanda-tanda réngsé. Can écés saha anu bakal jadi juarana.
Masih kénéh dina prosés. Éta ogé kakara ukur gencatan senjata bari jeung geus dimimiti dirumpak (dilanggar) boh ku Ameriak boh ku zionis Israel. Tur, kacida mungkinna peperangan di Tanah Persia tungtungna ukur imbang (stalemate).
Saukur Klaim
Pernyataan yén “hiji nagara meunang perang ngalawan nagara séjén” mindeng ukur jadi narasi diplomasi anu dirarancang pikeun ngagiring jeung nyasabkeun opini publik.
Video hasil rékayasa AI jeung informasi palsu disebarkeun, disuguhkeun pikeun ngawangun persepsi positif sarta ngudag simpati masarakat.
Kalayan kecap séjén, narasi perang téh bagian tina kaulinan citra nagara-nagara nu keur pasalia pamadegan. Hiji propaganda sapihak anu dirancang pikeun ngabeureumkeun atawa nyamurkeun kanyataan sabenerna.
Hasil Panalungtikan
Hiji panalungtikan ngabuktikeun hiji hipotesis: pihak anu pangribetna ngaklaim kameunangan, sabenerna mindeng jadi pihak anu pangsieuneun ku kamungkinan éléh.
Kabisingan jeung sora anu tarik téh sering jadi wangun kompensasi tina rasa teu aman (insecurity). Malah bisa jadi gambaran kasieun anu jero kana kagagalan.
Ku kituna, narasi klaim kameunangan dina hiji konflik henteu salawasna nuduhkeun fakta objektif, tapi leuwih ka taktik performatif pikeun nutupan kakurangan substansi.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments