Ku: Ridhazia
SANGGEUS lila euweuh kasang tukangna, ti saprak menteri agama ngatur soal corong masjid, meureun ieu anu kahiji dina taun 2025 aya fatwa nu patalina sarupa.
Majelis Ulama Indonesia (MUI) Jawa Timur ngaluarkeun fatwa ngeunaan pamakéan sound system jeung jogét.
Fatwa nu berlaku ti tanggal 12 Juli 2025 ieu negeskeun yén pamakéan corong (pengeras sora) nu gedé teuing jeung sora nu kacida tarikna téh nimbulkeun mudarat. Utamana deui lamun dibarengan ku musik jeung jogét.
Alasanna, sora nu teuing tarik téh bisa ngaganggu wates kabisingan nu wajar sarta boga poténsi kana tabdzir jeung idha’atul mal, nya éta meakeun harta kalawan sia-sia.
Sarta, MUI netelakeun yén prak-prakan nu saperti kitu teh hukumna haram sacara mutlak.
Selektif
Para ulama ngadesek pamaréntah sangkan leuwih selektif dina méré ijin pikeun kagiatan umum anu ngagunakeun corong gedé, anu bisa ngaganggu kanyamanan balaréa.
Iraha ka sakuliah Indonesia?*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments