Kolom Sosial Politik

Subsidi BBM Stabil?

0

 

Ku: Ridhazia

NGARESPON  krisis sarta ngajaga stabilitas harga BBM mawa pangaruh positif kana popularitas kinerja pamaréntahan.

Harga éceran BBM anu teu naék di tengah krisis Wétan Tengah, malah aya pertimbangan pikeun nambahan anggaran subsidi BBM, jadi sisi positip kapamingpinan Prabowo.

Salain ti éta, alternatif hemat énérgi jeung pertimbangan kawijakan work from home (WFH) nyababkeun stabilitas pulitik leuwih rasional tur kaukur.

Hoaks!

Réspon pamaréntah sanggeus sumebarna isu proyéksi harga BBM anu cenah bakal diberlakukan sanggeus bulan Maret 2026 béak, tétéla éta téh hoaks.

Dina narasi anu sumebar, harga BBM subsidi saperti Pertalite disebutkeun bakal ngahontal Rp14.000 per liter tina harga ayeuna Rp10.000 per liter.

Sedengkeun solar subsidi diproyéksikeun ngahontal Rp9.500 per liter tina harga anu ayeuna lumaku Rp 6.800 per liter.

Ari pikeun BBM jinis Pertamax diproyéksikeun bakal naék jadi Rp16.500 per liter tina harga ayeuna Rp12.300 per liter.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.