Kolom Sosial Politik

Serangan Ka Para Aktivis

0

 

Ku:  Ridhazia

KAJADIAN  panyiraman (ngabanjur) cai keras ka awak aktivis kajadian deui. Baheula dipigawé ku pulisi, ayeuna giliran dipilampah ku tantara.

Novel Baswedan, urut panyidik senior KPK, kungsi disiram cai keras ku dua oknum pulisi dina 11 April 2017 sanggeus salat Subuh di Jakarta. Anjeunna ngalaman karuksakan permanén dina panon kénca.

Kasus sarupa kalayan pola anu mirip ogé kajadian ka aktivis Andrie Yunus. Dina ieu kasus, palakuna disebutkeun opat prajurit ti Badan Intelijen Strategis (BAIS) Markas Besar TNI.

Tegangan dina jaman Prabowo Subianto

Tegangan antara oknum prajurit jeung aktivis asalna tina panolakan kana revisi UU TNI anu dianggap bisa nguatkeun pangaruh militer dina rohangan sipil.

Revisi ieu dipikahariwang bakal ngabalikeun deui Dwifungsi ABRI jaman Orde Baru, nalika militer asup deui kana jabatan-jabatan publik.

Sanajan kitu, sacara prinsip TNI kuduna tetep museur kana pertahanan nagara sarta henteu ngalebet ka ranah pulitik atawa kapulisian dina nanganan terorisme.

Represif

Human Rights Watch jeung Amnesty International rutin nyorot kaayaan di Jakarta minangka bentuk tindakan represif atawa usaha pikeun ngabungkam aktivis di Indonesia.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeun pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Jakarta.

You may also like

Comments

Comments are closed.