Resensi

Hatena Poek Mongkleng

0

Panyawang: Puput Amelia

Jejer Novel:  Saudagar Batik. Pangarang : Ahmad Bakri. Pamedal : PT Kiblat Buku Utama, Kota Bandung, Jawa Barat. Citakan: Kadua, Juni 2004. Kandel: 81 Kaca. Kategori: Fiksi Sunda. 

Bi Arwiah teh geus lila rarandaan, ti barang Si Kasnen umur dua taun. Salakina, nyaeta bapa Si Kasnen, maot kaleleban ku Si Kasja, anakna nu cikal. Asalna teu pira, tina rasa mokaha.

Dina hiji poe wanci asar bapa Si Kasja datang geus buburuh neang pare ti Pananggapan. Kacida capeeunana, mana beuteung kacida laparna, pas datang ka imah ninggali imah sarepi eweuh jelema, daharan ge euweuh.

Ninggali ka kandang embe harayang nyatu, ari jukut euweuh. Atuh keheul bapa Si Kasja geus teh carape meunang buburuh, beuteung lapar,i mah sarepi, embe can diparaban. Teu lila pamajikanna  torojol datang bari mawa jukut jeung ngagendong Si Kasnen, da tiisuk budakna Si kasja can balik.

Mantak ambek bapa Si Kasja pas Si Kasja balik, lainna mantuan indung ngarit ieu kalah marak. Si Kasja deui kalah nembalan pas bapana ngomong nu nyababkeun Si Kasja digaplok ku bapana.

Ti saprak kajadian eta Si Kasja leungit teu katempo deui beungeut jeung caritana. Indung bapana tihothat tipoporose neanggan ka mana-mana. Bapana handeueul kabina bina naha harita bet nyabok budakna pedah teu pira kajadian sepele.

Geus aya mingguna Bapa Si Kasja geuring mikiran budak nu leungit teuing ka mana. Awakna mingkin kerempeng ngabegengan, da euweuh dahareun nu asup. Di imahna dideudeulan ku loba jelema da hariewang bisi kumaha onam, nepika antukna mah  bapa Si Kasja maot.

Sangggeus ditinggalkeun ku salakina, Sanukri anu ngabereskeun sagala kaperluan ti mimiti thlil, tiluna, tujuhna, nepi ka matang puluh. Indung Si Inen mah kari ngajalankeun, aya kakurang asal daek menta, tara harese. Tatangga-tatanggana nya kitu deui pada maruji kana kahadean Sanukri teh, nepi ka jadi sabiwir hiji.

Serengsena hajat matangpuluh, sorena Sanukri nyaritakeun hutangna  Bapa Si Kasja. Sanukri menta digantian ku sawah nu di Cimandala.  Indung Si Inen ngarenjag ngadenge pamenta Sanukri, tapi kusabab hutangna teh  gede pisan antukna teu bisa kumaha, sawahna eta dipasrahkeunka Sanukri. Bi Arwiah hirup kadua anakna, Si Inen, pagaweanana ukur buburuh neangan sahuap-sakopeun.

Sanukri beak harepan, pamajikanna ceurik bae,awakana geus arorot pisan balas kurang dahar kurang sare gawena ngutruk wae yarekan Abdul Rajak si tukang tipu. Indung Si Inen datang nagih duit tea, tapi Sanukri keur pusing, duit kabeh dipasrahkeun.

Pananggalan puasa, balik ngarit Si Inen nyampak semah di imahna,  Si Kasja nyampeuran Si Inen jeung indungna. Indungna ngarangkul bari  ceurik. Tatangga rabul, kaget ngadenge nu midangdam. Geus puguh nu sosonoan mah leungit waeh kahariwang teh. Si Kasja nanyakeun bapana, tapi bapana geus maot.

Si Inen mah teu dikirim papakean jadi,kaputeunana wae, da teu kacipta degdeganana cenah, bisi teu meujeuhna. Nuturkeun urang Panumbangan cenah, nu sok dagang mulang ka Palembang. Meunang opat taun ngagandek. Sanggeus apal kana jalan dagang, tuluy diajar macakal. Sarerea saregep pisan ngabandungan nu nyaritakeun lalakon ngumbara, bisa balik mawa kabungahan.

Malem lebaran dapur imah Si Inen haneuteun, indungna ngeprek wae olah ti beurang keneh. Si Inen jeung lanceukna marindang, dirubung-rubung ku babaturanana bari nyareungeutan pepetasan di buruan.

Peuting harita Sanukri hujan cimata, di imahna ukur sacaang-caang ku cempor, hatena poek mongkleng teu jiga lebaran taun kamari.*
* Puput Amelia, mahasiswa Peodi BImbingan dan Konseling Islam (BKI) Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, Bandung, Jawa Barat. 

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *