Ku: Ridhazia
RUDAL balistik jadi andelan ku Israil jeung Iran. Peluru kendali modéren ieu geus dipaké ku dua nagara pikeun silih ngancurkeun jeung maéhan sacara masif.
Perang misil jarak jauh ieu teu mustahil bakal nyundut perluasan konflik jeung jadi ancaman strategis pikeun Timur Tengah jeung Éropa Tenggara. Malah bisa nyulut Perang Dunya Katilu.
Dikontrol Ti Kajauhan
Rudal balistik make sistem pangendali otomatis anu dikawasa ku téknologi canggih. Pikeun néangan target atawa nyaluyukeun arah, senjata pamuasnah ieu bisa ngahontal Israil atawa Iran ngan saukur butuh waktu 15 menit pikeun ngapung.
Padahal jarak antara Teheran, Iran jeung Tel Aviv, Israil kira-kira 1.724 nepi ka 2.152 kilométer. Rudal kudu ngaliwatan ruang udara Yordania jeung Libanon. Tapi dina hitungan menit, geus nepi ka sasaran.
Asal Usul Rudal Balistik
Rudal nyaéta singketan populér tina peluru kendali, jadi salah sahiji senjata pamuasnah manusa anu mibanda tingkat akurasi anu luhur.
Sagala rupaning rudal dikembangkeun ku élmuwan, lembaga panalungtikan, nepi ka paguron luhur di Éropa. Di antarana Amérika Sarikat jeung Uni Soviét saprak jaman Perang Dunya II jeung mangsa “Perang Tiis” pikeun silih nahan jeung nyandera.
Tapi militer Nazi Jérman malah leuwih tiheula ngagunakeun rudal minangka senjata pamusnah massal nalika nyerang Paris (Perancis) jeung London (Inggris).
Numutkeun Federasi Élmu Amérika, disebut rudal balistik téh lantaran éta senjata mibanda téknologi luhur jeung lintasan balistik (parabola).
Daya luncurna bisa nepi ka sub-orbit, nepi ka teu kasat panon, saméméh tuluy balik deui kana permukaan bumi ngaliwatan gaya gravitasi.
Hulu Ledak Nuklir
Peluru kendali balistik ayeuna geus ngahontal tingkat pamakean pikeun perang antar-benua. Luhurna bisa nepi ka 1.200 km ti permukaan bumi.
Ampir kabéh rudal balistik jarak jauh geus mawa hulu ledak nuklir anu sanggup ngahontal target di sakuliah dunya. Pangrusakna jeung daya maéhanana ratusan kali leuwih kuat batan bom atom anu dijatuhan di Hiroshima nalika Perang Dunya II taun 1945, nu ngancurkeun Hiroshima jeung Nagasaki.
Saha Anu Boga Nuklir?
Nagara-nagara anu boga senjata nuklir kiwari masih kawates. Di antarana Amérika Sarikat, Rusia, Britania Raya, Perancis, Républik Rahayat Tiongkok, India, Koréa Kalér, Pakistan, jeung Israil. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten spikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments