Kolom Sosial Politik

Presiden Prabowo Nyamar

0

 

Ku: Ridhazia

KEMIS  soré (26/3/2026), tanpa béwara, tanpa iring-iringan panjang, kapala nagara aindit  ka wewengkon sisi rel Senen, Jakarta.

Ngan edas, sihoreng panyamaran éta teh gagal. Kadatangan Présidén Prabowo ka tempat kumuh jeung kotor di ibu kota nagara téh lain jadi rusiah, malah bocor sarta kanyahoan ku balaréa.

Rahéyat anu kasisihkeun, anu kungsi patepang jeung Sang Présidén, malah ngalu-elukeun bari ngucurkeun curhat ka kapala nagara éta.

Padahal Sang Présidén geus “didandanan” sakitu rupa. Topi rada nutupan rarayna. Lalaki satengah umur anu postur awakna geus kacida dipikawanohna ku masarakat téh maké pakéan basajan.

Malah pangawalan ogé teu pati ketat jeung teu pati katingali. Paspampres jeung intelijen ngalembereh, nyaru jadi rahayat leutik satempat.

Role Failure jeung Alien

Role failure atawa kagagalan peran dina kontéks panyamaran (masking atawa blinding) ngarujuk kana kaayaan nalika idéntitas asli bocor sarta kanyahoan ti heula.

Kagagalan nyumputkeun kagiatan anu dianggap anomali nepi ka paripolah karasa asing (alien), lantaran nu nyamar teu ngawasa kearifan lokal, basa daérah, latar sosial, jeung norma-norma kahirupan rahayat biasa.

Ku kituna, kagagalan panyamaran éta nuduhkeun teu mampuhna Istana nampilkeun sosok présidén anu bisa nyaluyukeun diri jeung situasi lokasi.

Utamana dina ngadeukeutan jarak psikologis antara pamingpin jeung rahayatna. Aya kasenjangan antara “diri asli” élit jeung peran anu dimaénkeun minangka rahayat, nepi ka gampang pisan kawanoh.

Gabungan tina faktor-faktor éta ngahasilkeun kagagalan peran (role failure), nalika Présidén teu mampuh nyumponan tuntutan peran anu keur dimaénkeunana.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.