Ku: Ridhazia
SANAJAN sifatna samentara, rasa hariwang sok muncul sanggeus liburan. Tah eta pisan nu disebut post-holiday blues teh. Para psikolog ngajelaskeun yén kaayaan psikologis ieu mangrupakeun hal anu lumrah.
Rarasaan males, kurang sumanget, atawa komo stress téh biasa karasa kusabab bédana jauh antara suasana liburan anu bébas jeung nyenangkeun di lembur jeung suasana balik deui ka pagawéan, sakola, atawa kuliah.
Adaptasi
Kusabab sifatna samentara, béda émosional ieu butuh waktu pikeun adaptasi. Tapi, teu bisa dipastikeun sabaraha lila waktu nu diperlukeun pikeun cageur deui.
Kabéh gumantung kana faktor nu nganyahokeun kaayaan robahna suasana psikologis ieu, saperti kacapean raga alatan lalampahan nu jauh, jeung robahna zona waktu.
Malah, leuwih ti kitu, bisa ogé miboga rasa kosong (hampa), sepi, atawa sono tibelat hayang ka lembur sanggeus balik téh ngabalukarkeun parahna kaayaan émosional.
Lamun teu dirawat luyu jeung kuduna, kaayaan ieu bisa mekar jadi masalah kaséhatan méntal nu leuwih serius, saperti déprési, parasaan hariwang kaleuleuwihi, atawa burnout. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments