Kolom Sosial Politik

Pileuleuyan Romadon

0

Ku: Ronaz
GEUS  jadi milik diri bagja awak bisa ngalakonan puasa bulan Romadon, kacida bungah amar wata suta teu aya hinggana. Cacap sabulan dibéré mampuh ngalaksanakeun puasa ditambah ku ibadah séjéna nu kacida nikmat karasana. Ngan mémang karasa nikmat téh pikeun jelma nu boga iman, ari keur nu ti iman mah boro-boro ngalakonan nu ay amah meureun suenggah malah jadi bangbabaluh.

Pon kitu oge kanu bisa ngalaokanan ulah jumawa rasa aing paling iman, da bisa ibadah tur nikmat ngalaksanakeun ibadah sotéh dibere ku Gusti. Iman dibéré, nikmat oge dibéré, malah mampuh ibadah ogé dibere dimampuhkeun ku Gusti. Jadi, ulah gumedé rasa aing pang rajinna ibadah. Paling bahaya jelma nu sok ibadah jumawa, tinimbang jalma kedul tapi gedé rumasa.
Bulan puasa Romadon estuning ngadidik diri pikeun ngasah haté sangkan ikhlas tur bisa welas asih. Mun geus  kaasah haté bakal seukeut rasa pikeun maca tanda kakuasaan Alloh SWT boh nu aya dina diri oge pikeun maca alam marcapada kaditu bakal pinanggih jeung hakékat hurip jeung hirup ku maca hurup nu jadi tanda kakuasaan Gusti.
Sabulan lilana babarengan jeung Romadon kacida éndah tur pinuh ku ka asih. Lir ibarat panggih jeung bébéné pujaan haté nu dipicangcam, Romadon ngalubarkeun rasa sono nyacapkeun kacinta. Tiap kasalahan dihampura, kanikmatan ditambah ogé ganjaran pisurgaeun teu sirikna diobral. Kanyaah Gusti Alloh éstuning tumplek di bulan Romadon pikeun umat Kangjeng Nabi Muhammad Saw.
Kiwari, lapat-lapat sora nu takbiran poé lebaran jadi totonden Romadon geus waktuna miang ninggalkeun urang nu keur genah mernah tumaninah reureujeungan jeung Romadon. Tapi takdir teu bisa pungkir, kadar teu bisa disinglar. Cunduk kana waktu ninggang mangsa nu utama, sanyatamah urang nu kudu miang ninggalkeun Romadon bari mawa hadiah ti bulan Romadon nyaeta takwa.

Ieu pisan nu jadi bekel pikeun urang ibadah sawelas bulan kahareup pikeun naékeun darajat urang dihareupeun Gusti Nu Maha Suci sangkan tiap bulan boga rasa deukeut tur deuheus ka Gusti Alloh siga di bulan Romadon sok sanajan Romadon geus kaliwat.
Ceuk papatah urang Arab mah: papisah téh lain keur papisah tapi papisah téh pikeun mikasono. Mudah-mudahan taun hareup masih dipilih ku Gusti bisa panggih tur reureujeungan deui jeung Romadon. Pileuleuyan Romadon, sapunyéré pegat simpay, paturay patepang deui. Cag. *
* Ronaz, alumni S3 Kajian Media dan Agama Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati, aktivis pemberdayaan masyarakat, pembimbing haji jeung umroh, Ketua Bidang I Pengurus Wilayah Matla’ul Anwar (PWMA) Jawa Barat, Ketua Prodi Pengembangan Masyarakat Islam (PMI) Fidkom UIN SGD, nganjrek di Rancaekek, Kabupaten Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *