Kolom Sosial Politik

Perang Teh Kecemasan Eksistensial

0

 

Ku: Ridhazia

DINA  panyawang  para pamikir, perang téh mangrupa manifestasi tina kacemasan éksisténsial (existential anxiety), nyaéta wujud putus harepan dina nyanghareupan kateupastian mangsa nu bakal datang.

Aya dua hal nu paling nembong dina kaayaan éta: wates kahirupan manusa jeung rapuhna éksisténsi diri.

Pikeun Jean-Paul Sartre, dina situasi perang, jalur kekerasan téh mangrupakeun lampah “teu oténtik”, hiji usaha pikeun néangan rasa aman atawa makna palsu.

Pamadegan éta sajajar jeung Martin Heidegger nu nétélakeun yén kacemasan éksisténsial mucunghul dina momen ékstrem, nalika manusa mopohokeun ésénsi kamanusaanana sarta kacekel dina krisis makna. Dina kaayaan kitu, kekerasan mindeng dianggap minangka solusi.

Pondokna, perang lain saukur konflik fisik atawa rebutan sumber daya. Perang téh cerminan tina henteu mampuhna manusa ngatur jeung ngungkulan kacemasan dirina sorangan, anu ahirna diproyeksikeun dina wangun agrési fisik ka sasama.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.