Kolom Sosial Politik

Otto Iskandardinata, Pahlawan Sunda Tanpa Jasad

0

 

 

Ku: Ridhazia

OTTO  Iskandardinata anu dipikawanoh ku julukan “Si Jalak Harupat” mangrupa salah sahiji pahlawan nasional ti Tatar Sunda. Rupa anjeunna geus biasa katingali dina duit  kertas nu nominaalna dua puluh rébu rupiah.

Sanajan jasad anggota Volksraad taun 1930-1941 ieu nepi ka ayeuna masih kénéh misteri, sanggeus aya warta yén anjeunna dipaéhan dina 20 Désémber 1945 di basisir Mauk, Tangerang, Banten.

Lamun aya makam patilasan di Lembang, Bandung Kalér, éta mah ngan ukur simbolis wungkul. Patilasan anu diresmikeun dina 21 Désémber 1952 téh ukur mangrupa peti husus nu eusina keusik jeung cai laut ti Pantai Mauk minangka simbol pangganti  jasadna.

Sang Menteri

Otto Iskandardinata lahir di Bojongsoang, Kota Bandung, Jawa Barat dina 31 Maret 1897. Anjeunna lulusan pendidikan guru sarta kungsi jadi  guru di HIS Banjarnegara.

Anjeunna jadi aktivis pergerakan nasional Budi Utomo jeung Paguyuban Pasundan, ogé jadi anggota Volksraad, nyaéta DPR dina jaman kolonial Walanda.

Salian ti éta, anjeunna ogé jadi  anggota BPUPKI jeung PPKI, sarta kungsi ngajabat minangka Menteri Nagara dina kabinet kahiji Républik Indonesia.

Si Jalak Harupat

Julukan Si Jalak Harupat, asalna tina metafora “hayam jago” anu gagah, wani, sarta pangtarikna  ngagorowok, dilandikeun  ka Oto Iskandardinata.

Ngarana ogé dipaké pikeun Stadion Si Jalak Harupat di Soreang, Kabupaten Bandung.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.