Kolom Sosial Politik

Oh Genosida! Saratus Taun Konflik Brutal Israél-Palestina

0

Ku: Ridhazia

Dumasar kana hukum internasional, Perserikatan Bangsa-Bangsa (United Nations) netelakeun tandes  yén Israél geus ngalakukeun genosida di Jalur Gaza, Palestina.

Nagri Yahudi éta sacara sistematis ngancurkeun hiji kelompok nasional, étnis, ras, atawa agama di Palestina salila konflik bersenjata nu geus lumangsung ampir satus taun.

Dina catetan, Israél geus ngalaksanakeun opat serangan militér berkepanjangan di Gaza dina taun 2008, 2012, 2014, 2021 jeung 2024.

Konflik Saratus Taun

Konflik dua nagara tatangga ieu jadi konflik militér jeung pulitik panglila na sajarah. Dimimitian ti awal abad ka-19 nepi ka abad ka-21.

Mimitina dina 2 Nopémber 1917 nalika Inggris “ngadegkeun imah nasional keur jalma-jalma Yahudi di Palestina” nu katelah Déklarasi Balfour.

Déklarasi éta jadi pemicu éskalasi pulitik di tanah sajarah Palestina. Utamana ku ayana tentara Inggris jeung padumuk Yahudi nu dipersenjatai nu terus ngalegaan wates nepi ka ngawasaan. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *