Kolom Sosial Politik

Nu Beunghar Mingkin Beunghar

0

Ku: Ridhazia

BEDANA  jalma miskin jeung jalma beunghar di Indonesia beuki katingali écés.

Panalungtikan panganyarna ti CELIOS (Center of Economic and Law Studies) — hiji lembaga riset mandiri di Indonesia — dina laporan anu judulna “Laporan Ketimpangan Ekonomi Indonesia (2024)” manggihan yén katimpangan di nagara ieu beuki nganga.

Jeung deuih  can aya tanda-tanda bakal robah nepi ka saabad ka hareup. Malah, cenah ayeuna Indonesia geus nepi kana titik mangsa  kabeungharan 50 urang pangbeungharna satara jeung kabeungharan 50 juta rahayat Indonesia.

Kuadriliuner

Diprediksi, dina waktu 6 taun ka hareup ti saprak 2024 bakal aya jalma anu jadi kuadriliuner kahiji dina sajarah jalma beunghar di Indonesia.

Kuadriliun téh angka 1 diitung ku 15 nol di tukangeunna, sarua jeung 1.000.000.000.000.000. Bisa disebut ogé sarébu triliun atawa sajuta milyar.

133 Taun!

Dina waktos anu sarua, saha waé présidénna, Indonesia butuh waktu 133 taun pikeun ngaleungitkeun kamiskinan.

Sajabad leuwih éta, jutaan jalma miskin di Indonesia bakal terus ngarandapan paitna kahirupan anu kaéléhkeun tur kapinggirkeun.

Padahal, hutang nagara kudu ditanggung bareng-bareng. Sakurang-kurangna, dina itungan, Rp32 juta per sirah warga nagara ieu kudu nanggung hutang pamaréntah.*

  * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.