Kolom Sosial Politik

Nolak Bantuan: Harga Diri Atawa Egois?

0

 

Ku: Ridhazia

ANEH  sakaligus matak héran. Di tengah skala musibah anu kacida gedéna di Sumatera, Indonésia malah nolak sababaraha bantuan ti nagara asing anu jadi  babaturan salila ieu.

Ceuk béja, kaputusan mulangkeun bantuan kamanusaan téh pikeun ngajaga harga diri. Atawa sabenerna pamingpin nagri ieu geus jadi egois?

Harga diri jeung egois téh béda. Tapi nolak empati ti batur mah sarua baé jeung egois, nya éta sikep nu ngutamakeun diri sorangan kaleuleuwihan.

Aya rasa superioritas, nya éta sikep ngarasa diri leuwih unggul, leuwih mampuh tibatan batur.

Béda atuh!

Padahal hakekat harga diri anu séhat mah teu kuduna dibarengan ku panolakan kana sagala niat hadé ti batur. Ulah-ulah éta téh kasombongan palsu.

Sabenerna mah, sanggup narima kakurangan bari tetep ngahargaan batur anu boga empati, éta nu disebut harga diri anu saéstuna.

Naon ari harga diri téh?

Harga diri (self-respect) raket patalina jeung rasa percaya diri, narima diri sakumaha ayana, sarta ngarasa pantes diperlakukeun kalayan hadé, sabab sumberna tina kakuatan batin anu ajeg tur teu merlukeun validasi ti batur.

Ieu ari egois

Bandingkeun jeung egois (selfish), anu salawasna ngarasa teu aman sarta kaselap ku kasombongan palsu (ego).

Ngarasa diri leuwih unggul, nutup diri tina sudut pandang batur, teu daék éléh, jeung hayang jadi puseur perhatian.

Salaku hiji nagara bangsa, nolak bantuan asing dina kaayaan musibah téh mangrupa arogansi anu matak ngerakeun sarta jadi catetan goréng anu teu meunang kajadian deui.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

 

 

 

 

 

 

 

 

You may also like

Comments

Comments are closed.