FIKSI MINI

Ngudag Impian

0

Ku: Rani Nur Alia Nakum

Aya hiji budak ngaranna Deni. Saban poé, Deni sok muru ka sakola bari jeung haténa mah renghap ranjug. Manehna teh  budak nu rajin, tapi kaayaan di sakola kadang sok ngajadikeun sirahna baluweng.

Deni boga cita-cita jadi dokter, tapi di sakola sok aya nu nga-bully. NU ngejek, nu ngekeak. Cohagna mah ngajejeleh. Nu matak, unggal isuk, Deni sok wani-wani nyemangatan diri sorangan, “Kudu sabar. Cita-cita mah penting!”

Di kelas, Deni sok ngadengekeun guru kalayan sumanget, sanajan sok aya babaturan nu sok openan mirosea hatena.  Tapi Deni henteu pasrah ,malah manehna jadi leuwih soson-soson diajar. Pasti, saban guru nanya, manehnasok ngacung ti heula bari ngajawab kalayan bentes. Lambat-laun, babaturanana sadar kana kapinteran Deni sarta mimiti ngajen kana perjuanganana.

Hiji poe, Deni meunang jadi juara dina lomba mata pelajaran. Sakabéh murid jeung guru ngararojong sarta ngahargaan ka Deni. Ngarasa reugreug jeung reueus. Deni kacida bungahna. Manéhna sadar yén kasabaran jeung kahayang pikeun ngalakukeun anu panghadéna teh bakal ngahasilkeun mangpaat. Ti harita, Deni mingkin sumanget tur tihothat ngudag impianana.

* Rani Nur Alia Nakum, lahir di Bandung 2005, mikaresep seni budaya Sunda, mahasiswa Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, nganjrek di Kabupaten Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *