Ku: Rizvan Revana Fauzi
Alvin téh salawasna jadi anak nu jadi kareueus indung bapana. Gubrag ka alam dunya ditakdirkeun jadi anak cikal, pinter, jeung soméah deuih. Tapi di satukangeun paripolahna sapopoe nu pinuh ku gelenyu jeung seuri, sabenarna aya bangbaluh nu kacida beuratna. Sabab sihoreng Alvin teh kudu jadi conto keur adi-adina, jadi tempat panyarandean karungsing keur indungna, jeung harepan keur bapana.
Unggal poé, Alvin mamaké topéng sangkan katempo dirina sampurna. Manehna nyumputkeun rasa capé, sieun gagal, jeung kahayang gerentes hate sorangan. Enya apan Alvin teh kasebutna budak keneh. Inyana tangtu hayang ngarasakeun endahna jadi budak, boh dina kaulinan, boh dina sakola, boh dina kahirupan sapope jeung babaturanana saentragan di lemburna. Kusabab kudu mamake topeng tea, Alvin saestuna teu ngarasakan kumaha nikmatna jadi budak teh.
Hiji poe, Alvin jadi murid anu ditunjuk jadi ketua osis. Harepan kulawarga atuh jadi beuki gedé. Tapi sabalikna pikeun Alvin mah jadi bangbaluh nu sakitu beuratna, teu beda ti nanggung beas dua kuintal ku rancatan ipis. Alvin kiwari ngarasa kawas kajiret ku posisi atawa peran nu sabenerna lain tugas manehna. Naha asa kieu-kieu teuing hirup teh? Naha kuring teu meunang ngarasakan jadi budak? Asa kawas jadi robot. Asa kawas dicangcang, ditalikung ku rupa-rupa parentah indung bapa.
Sok sanajan bari susulumputan, Alvin remen rumahuh dinu suni. Huleng jentul sorangan. Sakapeung mah ngarakacak. Nepi ka hiji waktu, Alvin manggihan buku catetan leutik. Sihoreng notes eta teh bogaan indungna. Alvin ngimeutan maca eusina. Horeng baheula, indungna oge ngarandapan nasib kawas Alvin ayeuna. Indung Alvin jadi pananggeuhan kolotna, padahal indung Alvin teh cohagna mah awewe nu pondok lengkah heureut ambahan.
Alvin ngahuleng lila pisan. Malah nepikeun teu bisa mondok. Alvin sadar yen manehna teh geuning henteu sorangan. Henteu pahatulalis. Kabeh oge mibanda tugas jeung kawajiban masing-masing. Malah mah, unggal jalma miboga hak pikeun ngarasa cape, rumahuh, susah-senang tur neangan palakiahna sangkan meunang kabagjaan. Lamun keur ceurik umpamana atuh bisa seuri deui.
Alvin babalik pikir. Alvin geus gilig baris balaka ka indung bapana ngeunaan kaayaan kiwari dirina. Geus teu kuat saban poe kudu mamake topeng. Geus teu kuat mamawa kapalsuan salilana. Geus teu kuat jadi robot. Cohagna mah Alvin teh teu beda ti satokreh wayang nu diigelkeun ku dalang. Hirup jeung paehna kumaha dalang.
Alvin ngawanikeun maneh. Bebeja jeung cumarita saujradna ka indung bapana. Naha indung bapana bendu atawa beh dituna malik teu suka ngumbar amarah ka Alvin? Di luar dugaan, horeng henteu. Malah duanana nging weh ceurik bari indungna mah ngagabrug nangkeup Alvin.
“Hampura Ema, Jang. Hampura Bapa. Rumasa Ema jeung Bapa geus codeka ka Ujang. Niat mah hade. Sihoreng pikiran jeung lampah Ema Bapa kitu teh dipahing pisan. Kamari Ema ngabandungan ceramah Ajengan Haji Juned ti Pasir Sampir, ngebrehkeun kumaha samistina kawajiban indung bapa kanu jadi anak. Ema ngarasa dosa. Hampura Ema,” cek indungna daria, bari ingsreuk-ingsreukan.
* Rizvan Revana Fauzi, lahir di Bandung, Agustus 2005, mahasiswa Fidkom UIN Sunan Gunung Djati , nganjrek di Kabupaten Bandung, Jawa Barat.
Comments